Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

na mariksa ka Aswad: ”Aswad, saha eta anu babarengan jeung maneh teh?”

Piunjuk Aswad bari tapakdeku jeung nyembah : ”Sumuhun urang dieu bae, manehna ngangken sobatna Raden Ustama, maksadna bade nepangan Raden Yudapraja.”

Kangjeng Dalem ngarenjag, tuluy ngandika : ”Coba sina ka dieu heula ka kami, kami arek nanyakeun Ki Ustama.”

Gancangan Raden Ustama geus dumeuheus, calik mando dina palester, semu anu ajrih pisan. Anjeunna henteu panglingeun ka Kangjeng Dalem, sanajan geus tambah sepuh oge. Tapi ari Kangjeng Dalem mah harita kalinglap, sabab Raden Ustama geus rembahan jeung godegan saeutik, waosna geus dipeper, kawuwuh nganggona cara kalumbrahan urang Betawi dina mangsa eta.

Kangjeng Dalem ngandika kieu ku basa Malayu. ”Abang! Kula meunang beja ti Aswad, yen abang sobatna kaponakan kaula ngaran Raden Ustama, anu geus maot di pangperangan, waktu aya perang di Meester Cornelis, naha eta teh bener? Coba abang nyarita anu terang, kaula hayang ngadenge asal-mulana anu matak Ki Ustama maot ku pelor.”

Sabot Kangjeng Dalem ngandika kitu, Raden Yudapraja torojol ngadeuheus, calik di pengkereun Raden Ustama, tayohna bae dibejaan ku Aswad. Ku Raden Ustama henteu katingalieun, yen ramana calik di pungkureunana; ku tina krang terus tungkul jeung mando bae.

Geus kitu Raden Ustama tuluy haturan kieu :”Mugi dampal Dalem henteu kaget, eta Raden Ustama sayaktosna henteu maot, aya keneh di alam dunya, sareng panjang pisan lalakonna.”

Kangjeng Dalem ngarenjag bari lenggahna ngadeukeutan ka Raden Ustama, sumawonna Raden Yudapraja mah, rumanjug pisan, kaget pabaur jeung bungah.

Kangjeng Dalem gancang mariksa : "Kumaha bang, pangdenge teh Ki Ustama masih keneh hirup! Di mana ayeuna ayana? Geuwat bejakeun, kaula hayang geura gok papanggih, boro mah ku sarerea geus dinyanaan maot, ngagugu kana omonganana solda-

111