du-soldadu."
Harita Raden Ustama geus henteu iasaeun nahan pinangiseun, segruk bae nangis bari nyuuh kana sampeanana Kangjeng Dalem, pok unjukan pegat pegat: "Kangjeng! Nya abdi Dalem pribados wasta pun Ustama teh, anu ka pengker ditilar di dieu tea!"
Barang ramana ngadangu kitu, ngan gabrug bae ngarontok ka Raden Ustama, bari nangis sarta sasauran kieu : "Aduh, anak aing hirup deui! Anak aing hirup deui! Ustama! Ustama! Kutan maneh teh masih keneh hirup? Duh Gusti, Ya Rabbulalamin! Nuhun jisim kuring dipaparin kabingahan anu sakieu ageungna, tiasa patepang deui sareng pun anak, anu ku abdi parantos dikinten henteu aya di alam-dunya."
Alus temen lamun harita seug dipotret, rupa rama jeung putra di payuneun Kangjeng Dalem, paungku-ungku sarosonoan; ari dicaritakeun ku biasa omongan mah, henteu bisa terang pisan, sabab meh henteu aya kecapna anu cukup geusan netelakeun petana jeung wujudna anu sakitu keur tingrarokotoyna manah.
Eta anu keur sarosonoan teh dina jero saparapat jam mah lilana taya anu sasauran naon-naon, ngan wungkul sili rangkul, sili tingali jeung sili tangisan bae.
Rama Raden Ustama raraosanana sarua bae jeung dipaparin putra torojogan ti langit ku Gusti Allah. Tapi nya teu matak heran, sabab satadina anjeunna percaya pisan kana beja, yen putrana enggeus pupus. Manahna anu sakitu sedihna teh, harita enggeus meh paler, ku tina kalawasanana. Kari-kari ayeuna ujug-ujug gok bae patepang jeung anu dinyanaan geus pupus tea, nya pantes bae sakitu suka-bungahna.
Sanggeusna rada lila anu sarosonoan, Kangjeng Dalem ngandika: "Kakang Yudapraja! Meujeuh heulaanan sosonoan teh, agehkeun keur engke; angguran ayeuna mah eta Ki Ustama urang tanggap heula caritana, kumaha lalampahanana ti waktu bareto ninggalkeun ieu kota nepi ka waktu ayeuna. Pek Ustama geura cacarita!"