Tidinya Raden Ustama tuluy cacarios gemet pisan, taya anu kaliwat, ti mimiti ngiring Tuan David ningali anu entas perang di Meester Cornelis, lebet jadi ponggawa rumah-sakit, ngiring Kangjeng Tuan Raffles, angkat ka Singapura, Kalkuta, Selong, Bombay, Sansibar, Kaapstad, Padang, jol mulih deui ka Batawi. Sajajalan, satincak-polah sarta laku-lampah anjeunna dicarioskeun, taya pisan anu kalarung.
Kangjeng Dalem jeung Raden Yudapraja, ngadarangukeunana saregep pisan. Dina palebah Raden Ustama nyarioskeun kanalangsaanana, aranjeunna semu nalangsa, nya kitu deui dina waktu nyarioskeun meunang kabungahan, aranjeunna pada bungah.
Sanggeus cacap cariosanana, Raden Ustama pamitan ka Kangjeng Dalem arek mulih ka bumina di Kampung Ketapang, bari nyuhunkeun widi nyandak ramana engke sore baris dumeuheus deui.
Bral Raden Ustama jeung ramana, arangkat ti losmen; sajajalan ramana henteu weleh-weleh ningali ka anjeunna, ku tina geus salin rupa, nya eta geus rumbahan jeung godegan, jeung jadi segut. Barang geus sumping ka bumina, Raden Ustama nerangkeun ka ramana hal Bibi Minarsih, ibu-pulungna anu sakitu hadena tea. Ramana beak karep nya suka galih ngadangukeun cariosan putrana kitu; saurna : ”Ustama! Pisakumahaeun sukana hate mama, upama indung-pulung maneh masih keneh aya di dunya, sakitu nya hadena rumawat ka diri maneh. Mama ayeuna henteu bisa males kahadean naon-naon ka manehanana, ku tina manehanana geus euweuh dikieuna; ngan mugi-mugi bae Gusti Allah maparinan rahmat ka manehna di akherat, jeung dihampura sagala dosana, ditarima imanna.
”Ibu maneh, ti barang maneh katinggaleun ku Kangjeng Dalem di dieu, beurang-peuting gawena ngan ceurik bae, nyeungceurikan diri maneh, sumawonna basa meunang beja, yen maneh geus maot di pangperangan mah, munggah kalenger sababaraha jongjongan lilana, tuluy gering payah, datang ka ama salempang, boa - boa tina asal kaleungitan anak teh, make ditambah kudu