Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/130

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ngaruang indungna. Tatapi geus kitu kersana Yang Widi, indung maneh lila-lila mah nya cageur deui; ngan bae dina sajero tilu tahun mah, manehna gawena teh ngan huleng-jentul bae kawas anu owah pikiran, taya deui anu dipicangcam ngan awak maneh; estu hese pisan dipapalerkeunana. Ku tina hanteu dibeberah ku sakabeh kulawarga jeung sok mindeng diwuruk ku Kangjeng Dalem, lila-lila kasusahna teh ngurangan oge, teu pati cara ka tukang-tukang teuing; sakapeung-kapeungeun sok daekeun oge seuri gogonjakan jeung sarerea. Tatapi sanajan sakumaha keur sukana ari ras inget ka awak maneh mah, sok ngadadak bae repeh jeung mesum. Ama salempang pisan, sok sieun manehna katutuluyan kalelebanana.

 Ayeuna maneh ku ama, kapanggih deui sarta cageur, tur boga pangarti saeutik-eutikeun, jeung lampar nya panyabaan, tur geus boga gawe anu tangtu. Eta ama beak - karep nya suka-bungah, sarta matur rebu-rebu nuhun ka Gusti Allah anu Maha Suci. Ayeuna mah pirempug mama, maneh kudu milu balik deui ka Bandung. hawatir ku indung maneh geus kolot; tada temen pisukaeunana, upama geus gok patepung deui jeung maneh.”

 Sabot ramana sasauran kitu, Raden Ustama nyurucud bae cisocana, elingeun ka ibuna anu sakitu kasangsarana manahna, mani geus asa gok bae patepang.

 Geus kitu Raden Ustama unjukan : ”Ama! Ti ka pengker oge, waktos dongkap ti Kaapstad, jisim abdi seja pisan ngabujeng ka Bandung, namung teu ku hanteu bae roa - roa ambenganana. Ayeuna jisim abdi didieu parantos henteu gaduh kabeurat, margi indung-pulung anu sakitu saena parantos tilar-dunya; — hanas gaduh padamelan, eta mah cape jadi jalma langlangbuwana teh, hayang hirup riung-mungpulung sareng wargi-wargi, gaduh raos parantos cacap nya ngalalakon,”

 Saur ramana : ”Eta bener kitu, geus lumbrahna jelema mah, sakumaha resepna oge nyanyabaan teh, ari laun-laun mah sok hayangeun balik deui ka lemah caina sorangan.”

 Barang geus sore, wanci magrib, Raden Yudapraja jeung Ra-

114