Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/131

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

den Ustama arangkat deui ka losmen, ngadeuheus ka Kangjeng Dalem. Dawuh Kangjeng Dalem : ”Ustama! Tadi kami patepung jeung juragan maneh, anu jadi pangagung di kantor maneh, anjeunna nyarioskeun bab kalakuan maneh; kami beak karep nya suka ngadenge eta beja nu sakitu-hadena; tatapi kahayang kami; ayeuna maneh kudu milu bae balik jeung kami ka Bandung, karunya kaindung maneh, anu sakitu susaheunana.”

Raden Ustama ngawangsulan : ”Sumuhun dawuh, abdi dalem oge parantos rerempagan sareng pun bapa, yen abdi dalem bade ngiring ka Bandung; pamugi bae abdi Dulang ulah ditilar deui didieu sapertos ka pengker!”

Kangjeng Dalem gumujeng bari ngandika : ”Ih, bareto Oge kami mah henteu ninggalkeun, ngan bongan maneh bae anu sok luas - leos; kapan maneh oge nyaho sorangan yen urang harita nyaraba teh lain karep sorangan, tapi kalawan parentah Tuan Besar. Bari keun bae, anu enggeus kalampahan mah ulah sok diinget-inget; ayeuna mah anggur urang balik bae; engke ari geus datang ka Bandung, urang nadar.”

Gancangna carita Raden Ustama sasayagian arek ninggalkeun kota Batawi; bumina, warungna, katut pakaranganana titinggal bibi Minarsih tea, ku anjeunna digingsirkeun. Ladangna sawareh ku anjeunna dipasrahkeun ka kapala agama di Batawi, pikeun mulasara kuburan bibi Minarsih, supaya salilana beresih tur aya anu miara hade-hade.

Piisukaneun angkat ka Bandung, Raden Ustama nyekar heula ka eta ibu-pulungna; didinya anjeunna henteu kiateun nahan cisoca, nangis bari sasauran kieu : ”Ema, kaula pamit arek balik ka Bandung, neda pandunga Ema supaya kaula salamet di jalan rahayu diditu.”

Kacaritakeun isukna isuk-isuk, Kangjeng Dalem jengkar mulih ti Batawi, diiring ku Raden Yudapraja jeung Raden Ustama jeung loba deui menak-menak, ngabujeng kulem ka Bogor; kabeh pada tarunggang kuda.

Di Bogor Kangjeng Dalem dua peuting lilana; tidinya

115