bral jengkar deui, moro kulem ka Kampung Gadog, ti Gadog ka pasanggrahan Puncak.
Barang geus ngaliwat wates karesidenan Batawi jeung Priangan, raraosanana Raden Ustama beda ti sasari, titingalianana tambah cekas, salirana tamba seger, tayohna ku tina geus asa cat bae ngadampal golodog bumi ibuna. Haseup kawah gunung Gede oge, anu harita keur ngelun, katingalina mani semu anu ngabageakeun ka anjeunna.
Isukna deui Kangjeng Dalem ti Puncak jengkar, ngabujeng kulem ka pasanggrahan Cipanas. Didinya geus. sadia anu marapag ti dayeuh Cianjur, kawantu kamarina enggeus aya anu ngiangkeun iber ka Kangjeng Dalem Cianjur, yen Kangjeng Dalem Bandung geus sumping ka Puncak.
Pahormatanana di Cipanas nanggap wayang lilingong nepi ka tengah peuting, malah ditambahan ku pantun, anu kamashur bisa pisan nabeuhna kacapi, tur ngeunah ngawihna, bubuhan urang Cianjur, kalolobaanana ngareunah sora, laguna rupa-rupa, sarta pok-pokanana estu matak ting seleket kana kolong iga.
Isukna pabeubeurang, Kangjeng Dalem geus jol rawuh ka dayeuh Cianjur, sarta dipapag ku menak-menak Cianjur paginding-ginding. Barang geus mengkol kana buruan kabupaten Cianjur, ger pelog di pandopo ngahaturankeun ka anjeunna, laguna sakumaha biasa, nya eta ”kebo jiro”. Raden Ustama kacida nya ngiringna bungah, mani asa anjeunna bae anu dipapag ku pelog teh, da nya anjeunna pisan anu mentas ngalalakon pangjauhna.
Di Cianjur Kangjeng Dalem kulem tilu peuting; geus kitu bral deui jengkar, ngabujeng ka Rajamandala; tidinya tuluy ka Tagog Apu. Ti Tagog Apu mah henteu kulem deui di jalan, terus bae ka Bandung; sumpingna ka Bandung keur meujeuhna sariak layung, tur hade poena.
Watara sapal deui jauhna ka kabupaten, Kangjeng Dalem ngandika ka Raden Yudapraja jeung ka Raden Ustama, upama geus sumping ka kabupaten, papacuan kabeh jalma anu ngariring ulah arek barebeja ka sasaha oge, yen Raden Ustama kapanggih