deui, bisi ibuna kageteun teuing, heug bae mangke aya matakna, Tina kituna, barang Kangjeng Dalem geus rawuh ka kabupaten teh, Raden Ustama dipiwarang nyumput heula dina hiji kamar, ngantos-ngantos dawuh.
Watara sajam heuleutna, Kangjeng Dalem nyaur ibuna Raden Ustama; barang geus gok papayun-payun, tuluy ngandika : ”Aceuk! Di Batawi kuburan Ki Ustama disaksrak ku kaula tatapi henteu kapanggih; lila-lila kaula bet meunang beja anu bener, yen eta anak aceuk teh saenya-enyana henteu maot; muga aceuk ulah kaget!”
Ibuna Raden Ustama, barang ngadangu lahiran. Kangjeng Dalem kitu teh, hilap di kaisin, nging bae nangis bari sasambat melas-melis : ”Aduh Ustama! Kutan maneh teh ayeuna masih keneh hirup? Di mana maneh ayeuna nya aya? Sukur, bagja awak ibu, nuhun ka Gusti Allah!
Kangjeng Dalem ngandika deui : ”Ayeuna Ki Ustama aya di Batawi, entas nyaba jauh, panjang pisan lalakonna. Ku kaula diajakan balik ka dieu, tatapi manehna henteu bisa indit bareng, sabab aya anu kudu dibereskeun heula, kawantu boga kabeubeurat rumah-tangga; ngan aya talatahna ka kaula, ngirim salam pangabakti ka aceuk. Basana kapanggih ku kaula, manehna keur sasadiaan, arek indit kadieu, tapi tacan manggih pibatureun di jalan.”
Ibu Raden Ustama (bari ngadegdeg saluar salirana) : ”Langkung-langkung abdi nya bingahna, dipaparin terang hal pun anak ayeuna aya di Batawi sareng wilujengna; abdi dalem matur rebu-rebu. nuhun; panuhun murgi-mugi Dampal-dalem kersa enggal ngadawuhan, supados pun anak enggal-enggal wangsul; abdi dalem parantos kangen teu kinten, wireh papisah sakitu lamina.”
Kangjeng Dalem : ”Bab kanineung aceuk kaula henteu maido, nya tangtu bae kitu, da bubuhan ka anak! Tatapi pamenta kaula, upama Ki Ustama geus balik deui ka dieu, papacuan aceuk ulah arek kaget teuing, kudu bisa nyandet kasono, bisi aceuk jadi gering.”