Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/134

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ibu Raden Ustama : ’’Nyuhunkeun jiad dampal-dalem bae, supados abdi dalem tiasa meper kangen ka anak.”

Kangjeng Dalem ngandika deui : ”Aceuk, satemenna mah ayeuna anak aceuk teh geus aya di dieu, bareng jeung kaula balik Batawi.”

Saentasna ngandika kitu, Kangjeng Dalem tuluy nyaur Raden Ustama, anu harita keur calik dina jero kamar poek, bari nyerangkeun ka ibuna.

Barang sampoyong Raden Ustama ngadeuheus ka Kangjeng Dalem, ibuna ret ningali, tur henteu panglingeun, ngan gabrug bae ngarontok, sakitu geus rumbahan teh make diciuman nanahaon, cara ka murangkalih bae. Lahir ibuna : ”Ustama! Ustama! Anaking! Anaking! Kutan maneh teh masih keneh hirup! Ibu henteu nyana satungtung buuk oge kana rek pibisaeun papanggih deui jeung maneh!”

Kabeh sakur anu araya didinya barengong jeung cumalimba; ku sadaya anu maos oge tangtu meureun kamalum.

Barang ibu jeung putra geus rada leler sarosoanana Kangjeng Dalem ngandika : ”Aceuk, eureun heula sosonoan teh, agehkeun keur isuk deui! Ayeuna mah eta Ki Ustama anggur geura sina barangdahar karunya capeeun, mani sapoe jeput tumpak kuda.”

Gancangna prak barangtuang sadaya menak-menak anu harita ngadareuheusan ka Kangjeng Dalem ngariring balakecrakan, sami suka disumpingan deui Raden Ustama.

Isukna Raden Ustama ku Dalem Istri jeung ku para wargina kabeh ditaranggap cacarios lalampahanana anu sakitu panjangna tea. Kabeh sakur anu ngadarangukeun raresepeun pisan, datang ka Raden Ustama nyariosna teh kudu dibalikan deui sababaraha kali.

Kacaritakeun sasumpingna deui ka Bandung, Raden Ustama ku Kangjeng Dalem dipiwarang tetep deui bae cara bareto. di kabupaten ngiring anjeunna. Ka mana bae Kangjeng Dalem nya angkat, Raden Ustama tara kantun.

118