Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Laun-laun Raden Ustama diangkat jadi jurutulis kabupaten. Mungguh dina jaman harita, pangkat eta teh kaitung luhur oge, meunang balanja tetep bulanan sarta sawah legana 10 bau, tur dipaparin pakarangan legana 2 bau keur baris bumen-bumen sapantesna harkat pangkat eta.

 Eta pakuwon anu dipaparinkeun ka Raden Ustama, ayana di Kampung Ciateul, sakiduleun jalan gede. Didinya anjeunna ngadamel hiji bumi gede, alus pisan potonganana, nyanghareup ka jalan, sarta sabeulah ti kencana ngagigirkeun balong dipelakan lauk cai rupa-rupa.

 Selang-selang tina padamelan di kabupaten, Raden Ustama getol pisan pepelakan di pakuwonna, nya eta melak kitri jeung rupa-rupa tangkal bubuahan anu hasil. Seselana kitri jeung tatangkalan anu sejen, dipelakan rupa-rupa palawija. Eta babakan rupana alus matak resep anu nenjo; loba menak-menak anu sarumping ngaradon ningali eta babakan; malah Kangjeng Dalem oge saputra-garwa sok mindeng tawuh kadinya sukan-sukan leleson tuang - leueut, nepi ka wanci bada asar, kakara mulih ka kabupaten.

 Kacaritakeun waktu harita Kangjeng Dalem Bandung putrana aya genep, anu tilu pameget, anu tilu deui istri. Putrana istri anu pangsepuhna, kakasihna Raden Ajeng Mirahminocan, dedeganana jangkung lenjang, pakulitanana hideung-santen, leleb anteb andelemi, tur akuan ka semah, yuswana kira-kira aya 20 tahun.

 Ku kersana Kangjeng Dalem jeung para sepuh-sepuhna kabeh, Raden Ustama ditikahkeun ka eta Raden Ajeng Mirahminocan, sarta tuluy bumen-bumen di babakan Kampung Ciateul tea, beunang tatahar Raden Ustama ku anjeun. Alus pisan repokna, estu sapapait-samamanis, sabagja-sacilaka, tur kalulutan ku para saderek. Unggal poe taya towongna tatamu, anu deukeut anu anggang; kitu deui di pakuwonna, loba pisan jalma-jalma anu caricing imah-imah jadi pamagers-sari.

 Lumbrahna jaman harita, di Bandung bangsa menak-menak,

119