Ieu kaca geus divalidasi
sok mindeng sili-tepangan ka bumina, atawa ngahaja indit-sirib saputra-garwa aramengan di luar dayeuh; sumawonna dina waktu usum-usuman mah, saperti ngabedahkeun situ, marak, dibuat atawa mupu palawija. Ari dina mangsana leleson di saung, Raden Ustama sok pada nanggap cacarios kaayaan sejen-sejen nagara anu geus kasorang ku anjeunna.
Heuleut dua tahun ti saentas nikah, Raden Ustama kagungan putra ti eta Raden Ajeng Mirahminocan; putrana pameget mulus, jenenganana Raden Sambas.
”Tah sakitu lalakonna eta Raden Ustama teh.”
TAMAT
120