Jaman baheula di dayeuh Bandung, lain dayeuh ayeuna, tatapi nya eta dayeuh kolot, anu ayana di sisi Citarum, sakiduleun dayeuh ayeuna, watara lalampahan sajam, aya hiji menak turunan Bupati didinya, jenenganana Raden Yudaparaja, kaperenah saderek misan Bupati anu jumeneng waktu harita. Anjeunna kagungan putra duwa, pameget kabeh. Cikalna jenengan Raden Yudanagara, mangsa harita geus jeneng Cutak di distrikt Cisondari. Ari putrana anu bungsu jenengan Raden Ustama, dibabarkeunana dina tomperna tahun 1790; teu kira-kira dipikameumeutna ku ibu-ramana, ku tina murangkalih mulus, bageur, handap-asor, hade budi, someyah jeung salawasna nurut kana piwuruk.
Dina yuswa 7 tahun, eta Raden Ustama, ku ramana geus mimiti dipeuseuh kana kapinteran, diwuruk ngaos kur'an, nyerat aksara Sunda, basa-basa, tatakrama jeung jaba ti eta.
Selang-selang tina diajar, eta murangkalih, sok amengan jeng putra-putra menak anu sejen. Ari karesepna marurangkalih teh babakuna ngebak kokojayan di Citarum. Eta walungan, lamun ngijih, gede pisan caina sarta jero, malah ari pinuju caah gede mah, sok ngeueum dayeuh.
Ku tina dibiyasakeun saban-saban poe, eta marurangkalih teh ariyasaeun pisan ngojayna jeung teuteuleumanana; sumawonna Raden Ustama mah, pangpunjulna; malah rajeun oge dina usum caah anjeunna sok ngojay, meuntas eta walungan ti peuntas kaler ka peuntas kidul. Ngojayna teh gancang pisan, kawas meri bae, sanajan maju ka girang. Tina kituna anjeunna teh jadi tongtonan jalma rea.
Kacaritakeun dina hiji mangsa, Raden Ustama pinuju ngojay jeung sejen-sejen murangkalih, bet aya hiji jalma nenjo di kajauhan, aya budak palid di tengah walungan.
Kabeh jalma anu pareng araya di sisi eta walungan, pada gegeroan, pokna : ”Itu aya budak palid! itu aya budak palid! geu-
Carios Raden Ustama