geuwat tulungan!” Tapi jalma-jalma teh hiji oge euweuh anu wanieun nulungan, sabab mangsa harita nuju teu aya parahu hiji-hiji acan, ari dikojayan taya petana, da puguh keur gede pisan cai.
Raden Ustama teu tega ningali eta budak palid, gancang ku anjeunna dikojayan, tapi meh-mehan bae anjeunna oge titeuleum, sabab barang eta budak ditewak dijungjungkeun, manehna ngarangkul bari muntang kana pananganana. Atuh anjeunna teh repot pisan ngojayna.
Dumadak budak teh kapaehan, leungeunna lesot ku maneh tina panangan Raden Ustama, tayohna bae sungutna kaeusian cai. Atuh geus kitu mah tangginas Raden Ustama teh ngojayna, bari nyangkeh eta budak sabeulah ti kenca; pananganana anu katuhu dianggo ngaboseh, bari rada malidkeun anjeun, sangkan ulah hese teuing narajang tanaga cai.
Kira saparapat jam lilana Raden Ustama malidkeun anjeun, meh-mehan henteu kiyat nyangkeh eta budak, tatapi awahing maksakeun anjeun, laun-laun nepi ka sisi, tuluy hanjat ka darat. Sok budak teh ku anjeunna digolerkeun dina taneuh, tapi geus teu bisaeun usik-malik, beuteungna bukekeng kaeusian cai, ngan angenna bae masih keneh keketegan. Kitu deui Raden Ustama harita meh-meh henteu ijasaeun ngadeg, tina lesuna, kawantu entas ngojay sakitu lilana.
Henteu kungsi lila jol aya hiji parahu ditumpakan ku opat jalma, sejana arek nulungan, tapi kaporotan, da eta anu rek ditarulungan teh ”budak jeung Raden Ustama” geus narepi manten ka darat. Tuluy eta Raden Ustama jeung budak palid tea ku maranehna digarandong dibarawa ka dayeuh.
Sadatang-datang eta budak teh diarakalan sangkan ulah tuluy paeh; ari petana, nya-eta digender, budak teh dijolopongkeun dina lisung bari sina rada nonggeng, tuluy lisungna diparake tutunggulan, diarah eundeurna; tina kituna cai anu aya dina jero beuteung budak teh ngocor, ka luar tina sungutna, nepi ka kempesna deui beuteung budak teh, sarta budakna tuluy bisaeun deui ngambekan cara sasari. Tina hade pamulasarana, eta budak teh,