mangkuk 5 poe oge tuluy bae cageur sakumaha biasa.
Waktu eta budak keur digender, Kangjeng Dalem oge aya nungkulan.
Ari kolot-kolotna, barang nyarahoeun, yen anakna pangbisaeunnana waluya deui teh ku lantaran ditulungan ku Raden Ustama, teu kira-kira aratoheunana sarta nganuhunkeunana ka Raden Ustama.
Heuleut 3 poe ti saentas nulungan eta budak, Raden Ustama disaur ku Kangjeng Dalem ka Kabupaten.
Dawuhan Kangjeng Dalem : ”Ustama! reh maneh geus nulungan sapapada manusa, datang ka diri maneh pribadi meh tiwas, kami teh bungah tur tumarima pisan ka maneh; tapi maneh masing inget, ulah sok sologoto teuing, kena-kena nulungan anu cilaka, nepi ka poho ka diri pribadi; eta kudu dipikir heula masing gilig, samemehna dilampahan teh, bisi kaduhung di ahirna.”
Raden Ustama: ”Sumuhun timbalan, nyuhunkeun jiad dampal dalem bae, supados salamina abdi dalem tiasa ngestokeun kana piwejang.”
Kangjeng Dalem ngandika deui : ”Ustama, ti waktu ayeuna maneh kudu ngiring kami, cicing di kabupaten, kumpul jeung para menak, supaya boga pangarti; kitu deui kudu campur jeung putra-putra kami, da lain deungeun-deungeun, kami teh kaperenah misan ka bapa maneh, tangtu maneh oge enggeus nyaho!”
Raden Ustama matur sumangga, tuluy pamit nguninga ka ibu-ramana. Atuh sepuhna teh lain dikieuna barungaheunana; gancangna tuluy ngadareuheus ka kabupaten, nyanggakeun Raden Ustama.
Waktu ngalih ka kabupaten, Raden Ustama teh yuswana kakara limawelas tahun. Kangjeng Dalem asih pisan ka anjeunna, tina katingali hade kalakuanana, handap-asor, hade budi, alus tindak-tandukna.
Upama Kanjeng Dalem angkat-angkatan jauh, nya anjeunna purah ngiring, ka mana-mana oge tara tinggal. Nya kitu deui dina