saban kumpulan, anjeunna tara jauh tina pungkureun Kangjeng Dalem. Beuki lila anjeunna beuki ngarti, beuki tambah kapinteranana.
Keur jaman harita mah, meméh di dayeuh Bandung aya sakola, kapinteranana teh kaitung pepek oge, iasa nyerat aksara Sunda, Arab jeung ngitung saeutik-eutikeun. Ari aksara Walanda kaasup barang langka keneh pisan, tacan pati aya anu bisaeun. Jadi susuratan teh salilana oge ngan ku aksara Sunda atawa Arab bae, dalah surat paparentahan ti Batawi, sabab moal pikahartieun lamun ditulis ku aksara. Walanda, malah basana oge nya basa Sunda bae.
Tunda heula carita Raden Ustama, ayeuna diselang urang nyaritakeun heula kalangenanana Bupati-Bupati di tanah Priangan jaman baheula, nya eta : mun di cai munday, mun di leuweung bubujeng banteng, uncal, badak, maung, mencek jeung sato buron jaba ti eta, bari macangkrama.
Bab moro uncal waktu harita digedekeun pisan, tatapi peta-petana lain saperti ayeuna, diudag-udag ku anjing, baheula mah diudag ku kuda. Ari jalmana anu geus baku moro uncal make tumpak kuda, disebutna pamatang.
Tina kituna menak-menak di tanah Pasundan jaman baheula teh, ti pangkat Bupati nepi ka pangkat leutik, meh kabeh bae jaradi pamatang.
Kitu deui para nonoman jaman harita kacida ngagaledekeunana diajar tunggang kuda; mindeng ngiring kangjeng Bupati bubujeng ka leuweung, mecak ngudag uncal make kuda.
Eta moro uncal kitu peta teh deukeut pisan cilakana, sabab kalolobaanana pamatang, upama keur boga udagan teh sok poho kana naon-naon, ngan wungkul nenjo kana udaganana bae. Atuh remen pisan aya kuda narajang kana jurang-jurang anu jarero atawa walungan, nepi ka cilaka gede, malah aya anu sok nepi ka ajalna. Tatapi sanajan kitu oge, eta pamatang-pamatang teh tara karapokeun, malah anggur tambah gawok.
Kacaritakeun mangsa harita Raden Ustama geus iasa pisan