Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tunggangna kuda, malah geus wani ngudag uncal ti pasir ka lebak, matak paur pisan anu nenjo, ku tina sakitu lepasna, kawas panah melesat tina gondewana bae. Ngan saukur bubulanan bae ti waktu mimiti diajar ngudag uncal, anjeunna geus iasa ngengingkeun sababaraha uncal ranggah jeung danten, estu jadi pamujian pisan.

Dina hiji waktu Kangjeng Dalem Bandung ngersakeun bubujeng uncal di distrik Kopo, sisi walungan Citarum. Dina eukeur meujeuhna ramena, ti kajauhan Kangjeng Dalem ningali hiji pamatang ngudag hiji uncal ranggah, nujuna ka palebah anjeunna, sisi pisan gawir walungan. Anjeunna rempaneun pisan, salempang eta pamatang kebat ngudagna kana eta gawir, geus tangtu kudana hamo beunang dipepeg, tangtu milepas kana walungan, anu mangsa harita keur gede pisan caina.

Barang eta pamatang ngudagna uncal geus rada deukeut kana sisi walungan, Kangjeng. Dalem kageteun pisan, sabab eta pamatang teh lain anu sejen, nya eta Raden Ustama.

Gancangna ku anjeunna digentraan, bedas pisan, supaya ngeureunkeun kudana.

Raden Ustama sakiat-kiat megeg kudana, tatapi kuda teh merod bae bari sesegor, sarta teu lila geus nepi manten kana gawir. Atuh ana kecebur teh..... uncal, kuda, katut Raden Ustama oge tigebrus kana cai walungan, kerelep kabeh tilelep. Kabeh jalma sakur anu narenjo taya anu nganyanaan, yen eta Raden Ustama piwaluyaeun deui, geus pada nangtukeun kana pupus titeuleum bae.

Tatapi geus kitu kersaning Gusti anu maha agung, nangtayungan ka Raden Ustama; dina keur ngoleang rek geubis tina luhur gawir teh anjeunna taki-taki, pageuh nangkel kana tonggong kuda, bari ngarangkul kana beuheungna, malah waktu keur tilelep oge teu pisan lesot, sarta manahna teteg cara sasari bae.

Barang ngambul deui ka luhur cai katut kudana, anjeunna ningali eta uncal udaganana teh asoy-asoyan, ngojay maju ka peuntas. Gancang anjeunna ngagedig kudana, sina milu ngojay nyusul eta uncal.

7