Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Barang arek hanjat ka darat, uncal teh kasusul manten, jekek ku Raden Ustama dipedang tilu kali, bruk rubuh, geresel dipeuncit. Ku sabab eta sisi walungan rada mayat, uncal teh ku anjeunna digusur ka nu rada tuus, salamet katut kudana, henteu sakara-kara.

Henteu kungsi lila torojol pirang-pirang jalma tarumpak parahu, sejana arek nulungan, malah Kangjeng Dalem pisan sumping ku anjeun bareng jeung eta jalma-jalma, tapi taya gunana, da anu rek di tulungan teh geus aya manten di darat.

Ari nu matak kuda tutunggangan Raden Ustama waktu geus deukeut kana gawir keukeuh bae merod, kieu caritana : Waktu Raden Ustama keur megat uncal dina sampalan, henteu lila lar aya hiji uncal ranggah ngaliwat, terus ku anjeunna diudag lila pisan, tatapi weleh bae henteu kasusul.

Barang ngaliwat kana hiji ruyuk, anjeunna narajang kana hiji sayang odeng; odeng-odengna breng haliber maruru ka anjeunna arek nyeureud, untung pisan anjeunna mah henteu kaseureud ngan kudana bae lebah bobokongna. Barang jeletot eta kuda diseureud, atuh ana jete teh ngejat bari sesegor, geus teu beunang dipepeg deui, nepi ka tigebrusna kana walungan.

Ieu perkara jadi luwang oge ka urang, nya eta ulah sok gugup, sing caringcing metakeun akal nu sabenerna dina mangsa manggih pikareuwaseun. Bukti pisan saperti anu geus kalampahan ku Raden Ustama, iasana salamet teh ku lantaran henteu gugup, tur manteng muji ka Gusti anu maha suci, disuhunkeun pitulungna.

Ti waktu harita Raden Ustama jadi omongan, kongas iasa ngengingkeun uncal dina sisi walungan, tur kitu-kitu perjalanana.

Kacaritakeun dina tomperna tahun 1807, walungan Citarum caah gede kacida, datang ka pirang-pirang lembur di desa Sapan, pernahna sawetaneun dayeuh, kakeueum ku cai sababaraha poe lilana : pirang-pirang jalma anu kasangsara, rajakayana beak paralid, ingon-ingonna paraeh titeuleum, imah-imahna loba anu ngambang, malah aya oge jalma anu maot.

8