Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Barang Kangjeng Dalem ngadangu eta warta hal kasangsaraan anu sakitu matak watirna, gancang anjeunna jengkar ngalayad ka eta tempat anu kacilakaan tea.

Meh kabeh imah-imah di eta desa Sapan ngarambang sarta jalma-jalmana geus caricing dina suhunana, kabeh pada langlayeuseun, ku tina geus duwa poe lilana henteu manggih barangdahar.

Gancang Kangjeng Dalem miwarang ka sakabeh anu ngariring, saakal-akal neangan parahu atawa ngadadak nyieun rakit, pikeun nulungan eta jalma-jalma anu eukeur sakitu narandanganana sangsara.

Harita Kangjeng Dalem ku anjeun oge nitihan hiji parahu, ngapalaan anu eukeur narulungan tea, bari diiring ku Raden Ustama jeung dua pangwelah.

Geus kitu kersaning Allah, harita ngadak-ngadak ger hujan gede, kawas nu dicicikeun ti langit bae, angin ngagelebug, gelap dor-dar, sarta reup poek, estu matak keueung pisan, caina beuki tambah gede, ombakna mani ting saruruwuk, kawas ombak laut bae.

Kabeh parahu jeung rakit anu eukeur diparake narulungan jalma-jalma tea, paheula-heula nyarisi, geus henteu tolih kana naon-naon, sieuneun kuma onam; ngan parahu anu dititihan ku Kangjeng Dalem bae anu harita masih aya keneh di tengah, deukeut kana imah-imah anu ngarambang tea.

Angin beuki lila beuki gede, hujan tambah-tambah ngagebretna, langit munggah hideung meded, gelap pating burinyay, estu matak leutik pisan nya hate, Kangjeng Dalem “gancang miwarang supaya parahuna diwelah ka sisi. Tapi kakara bae eta parahu teh watara 5 tumbak jauhna tina hiji imah anu ngambang, ana gurilap teh gelap, cahyana

wani matak kapoekan, beledag sorana tarik pisan, bari nyamber kana imah anu deukeut kana eta parahu, atuh ger bae eta imah teh kahuruan, baseuh-baseuh oge hurung. Harita kabeh eusining parahu anu dititihan ku Kangjeng Dalem kapaehan. Raden

9