Ustama barang ras deui eling, geus ngambang dina cai, sarta parahuna geus rada jauh ti anjeunna, tayohna bae kapalidkeun ku ombak cai. Gancang ku anjeunna dikojayan; barang geus nepi, kasampak Kangjeng Dalem aya keneh didinya, ngan geus taya tangan-pangwasa, nangkarak bari empes-empesan, tayoh masih keneh kalenger.
Saakal-akal ku Raden Ustama geuwat dirasanan, liyang cepilna, pangambungna jeung bahamna dihantem ditiupan.
Lila-lila Kangjeng Dalem humarurung, bray socana buka, ras anjeunna emut, tuluy nyaur kieu, bari pegat-pegat : ”Ieu kami aya di mana?”
Raden Ustama gancang unjukan : ”Masih keneh dina parahu!”
Kangjeng Dalem ngandika deui : ”Euh, Ustama! enya kami ayeuna eling! tayohna tadi kami teh kalenger, ku tina tarikna sora gelap. Mana ari batur, anu duaan deui?”
Piunjuk Raden Ustama : ”Panginten bae maraot titeuleum, dalah abdi dalem oge barang emut teh bet keur ngambang dina cai, tebih tina parahu. Parahu ku abdi dalem dikojayan, mung nyondong Dampal Dalem bae, semu nu masih tacan emut,”
Kangjeng Dalem : ”Pek atuh, saakal-akal maneh bae ieu parahu teh boseh ka sisi, kami mah teu boga tanaga, katorekan jeung henteu puguh deudeuleuan; kami arek nyangheuy bae ngarasakeun kanyeri. Eh. Ustama! kami beak-beak nya tarima, kana kabelaan maneh ka kami. Muga-muga Gusti nu maha suci ngersakeun kami bisa males kana kahadean maneh.”
Raden Ustama sakuwat-kuwat ngaboseh eta parahu ku panangan duwanana, sabab welahna leungit; atuh majuna teh kendor pisan.
Sabot kitu, torojol anu arek narulungan, tarumpak sababaraha parahu, nyampeurkeun kana parahu anu dititihan ku Kangjeng Dalem tea, sarta kabeh pada rareuwaseun pisan, nganyanaan Kangjeng Dalem tangtu meunang balai gede. Barang geus kanya-