Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

hoan, yen Kangjeng Dalem wilujeng, maranehna barungaheun pisan, tuluy parahuna ku maranehanana dibaroseh ka darat, henteu lila jol nepi sarta salametna.

 Gancangna carita Kangjeng Dalem geus rawuh ka kabupaten, digotong ku anu narulungan tea; 'bro teu damang banget pisan, meunang 2 bulan lilana, tayohna bae gegedena mah baluas.

 Salilana anjeunna teu damang, Raden Ustama tara jauh, beurang-peuting aya bae di gedengeunana, pili genti ngajagi jeung Dalem Istri, sarta henteu petot-petot neneda ka Anu Maha Suci, supaya Kangjeng Dalem dienggalkeun damang deui.

 Lila-lila Kangjeng Dalem geus jagjag deui sakumaha biasa sasari, sarta beuki tambah-tambah bae asihna ka Raden Ustama.

 Kacaritakeun mangsa harita anu ngasta paparentahan di India-Wetan, jenenganana Kangjeng Tuan Gupernur Jendral A.H. Wiese, lenggahna di Batawi.

 Waktu harita, ku sabab nagara Walanda satengah kabawah ku Parasman, jadi tanah India-Wetan oge milu bae satengah kabawah ku eta nagara.

 Mangsa harita anu jadi Raja di nagara Parasman, jenenganana Napoleon Bonaparte, kamashurkeun gagah pinunjul, nenggang sabuana dina jaman harita.

 Harita urang Parasman katut urang Walanda keur meujeuhna rame perang jeung urang Inggris. Di daratan jeung di lautan taya eureunna lawan jeung musuh silih ruksak, meakeun pirang-pirang jiwa manusa. Malah eta tilu nagara, perangna teh lain di Europa bae, tapi di India-Wetan oge perang. Kapal Inggris jeung kapal Parasman atawa Walanda, di mana bae paamprokna, ger perang silih ruksak, silih lelepkeun, silih rampas muatan. Tatapi rupa-rupana kapal-kapal perang Parasman jeung Walanda henteu pati karuateun ngalawan ka kapal-kapal perang Inggris, buktina loba pisan kapal-kapal perang Parasman jeung Walanda anu kaboyong ku urang Inggris.

 Ari kapal-kapal Parasman jeung Walanda anu marasih keneh

11.