dina tomperna tahun 1807 mah urang Walanda di India-Wetan teh kacida pisan salempangeunana, sabab eta musuh beuki lila beuki loba. Malah harita loba pisan bawahan urang Walanda anu geus karebut ku urang Inggris.
Dina awal tahun 1808 Kangjeng Dalem Bandung nampi pawarta ti Batawi, yen Kangjeng Tuan Besar Wiese liren tina padamelanana, digentos ku Kangjeng 'Tuan Besar Gupernur Jendral Mr. H.W. Daendels, nu kamashurkeun wani jeung pinter ngolah nagara.
Sasumpingna ka Batawi, anjeunna ngarobah rupa-rupa aturan anu perlu dirobah, supaya nguntungkeun ka nagara jeung ngentengkeun ka urang pribumi. Paparentahanana mirilik kawas nanahaon bae; pangagung-pangagung pribumi kabeh mariris, eungap nyaosan timbalan. Anu kamashurkeun pisan nepi ka ayeuna padamelanana Kangjeng Tuan Daendels, nyaeta miwarang ngadamel jalan gede sapanjangna pulo Jawa, dina tahun 1808, ti Anyer nepi ka Panarukan, panjangna aya 600 pal.
Eta jalan bangga kacida dipigawena, laksana jalma-jalma anu marigawe unggal-unggal poe, satengah dipaksa jeung henteu make buruh, diitung minangka gawe nagara bae.
Para Bupati anu wewengkonna kasorang ku taratasan eta jalan, mani obyag marentah ka para menak bawahanana, supaya ngarumpulkeun jalma leutik anu baris marigawe eta jalan gede.
Kacaritakeun waktu migawe eta jalan, di bawahan kabupaten Bandung, mimiti ti sisi walungan Citarum, deukeut dayeuh Cianjur, nepi ka wates kabupaten Parakanmuncang, urang Bandung ti suklakna ti siklukna, sakur anu kuat digawe mah, kabeh dikerid-peuti, sina marigawe eta jalan, dikapalaan ku menak-menak, malah jeung ku Kangjeng Dalem ku anjeun.
Kajaba ti nyieun eta jalan gede, waktu harita jalma leutik diparentah ngebon kopi; unggal unggal jalma anu geus imah-imah, rata-rata misti melak kopi dina saban-saban taun 200 tangkal; kakara diidinan eureun melakna kopi, upama geus bogaeun 500