Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tangkal sewang anu geus baruahan.

 Salilana Kangjeng Tuan Besar Gupernur Jendral Daendels jumeneng, dina jero 3 tahun teh, lobana pelak kopi geus leuwih ti 45 juta tangkal.

 Ngebon kopi jaman harita, beurat pisan karasana ku jalma leutik, tatapi rada untung oge, sabab harita mah masih keneh loba tanah ngoblog, jadi ngarebonna teh tara jauh-jauh teuing ti lemburna. Dina jero 3 taun, nya eta ti tahun 1808-1810, di kabupaten Bandung wungkul oge geus tambah sababaraha rebu bau kebon kopi, sarta aralus kacida jadina.

 Kacaritakeun dina tengah-tengahna tahun 1810 karajaan Walanda ditambahkeun ka karajaan Parasman, nyaeta ku pangawasana Napoleon Bonaparte tea; atuh harita tanah India-Wetan oge torojogan kabawahna ku Raja Parasman teh.

 Dina tanggal 16 Mei 1811 Kangjeng Tuan Besar Daendels liren tina pangkatna Gupernur Jendral, digentos ku Kangjeng Tuan Besar J.W. Janssens, tatapi teu kungsi lila, ngan nepi ka tanggal 18 September 1811, sabab tanah India-Wetan kaburu karebut ku urang Inggris.

 Di tengah-tengah taun 1811 datang hiji utusan ti Batawi ka Bandung, mawa surat ti Kangjeng Tuan Besar Gupernur Jendral baris Kangjeng Dalem, nya eta nyaur Kangjeng Dalem ka Batawi, sabab harita aya paparentahan anyar ti nagara Parasman.

 Bral Kangjeng Dalem jengkar, ka Batawi, diiring ku opat menak jeung ku Raden Ustama, kabeh pada tarunggang kuda.

 Kacaritakeun waktu Kangjeng Dalem rawuh ka pasanggrahan Puncak, anjeunna merlukeun ningali Talaga-Warna, pernahna sakuloneun pasanggrahan, jauhna watara sapal. Tempatna eta talaga estu matak keueung pisan, kawantu sakubengna leuweung ganggong-simaganggong, ting calekroh sora monyet jeung lutung, ting koreak sora manuk rupa-rupa; disenggakan ku maung, ti kajauhan ting garerung, estu matak seber pisan hate.

 Keur waktu Kangjeng balem lenggah dina sisi talaga, handa-

13