peun tangkal kiara gede, ti kajauhan kadangu ku anjeunna ngaguruh aya sora, sarta beuki lila beuki deukeut; ana beh teh bet pirang-pirang Militer Parasman pangkat Opsir, sejana rek naringali Talaga. Eta Opsir-opsir sarumpingna ti Batawi, bari nyandak 300 serdadu, sejana arek terus ka Cirebon.
Di antara eta Opsir-Opsir aya hiji anu cucul panganggo, arek ngebak kokojayan dina talaga. Anjeunna iasaeun pisan ngojayna, ngoloyong ka tengah, tuluy ka peuntas ti kaler. Didinya anjeunna hanjat, tuluy ngagelehe kana jukut; teu lila korejat gugah deui bari gegeroan aduh-aduhan, tuluy ngojay deui arek mulih ka peuntas ti kidul, tapi ngojayna teh kendor pisan, teu cara tadi; bari gegeroan kieu: ”Tulung!tulung!”.
Barang geus nepi ka tengah-tengahna, ngojayna teh henteu kebat ngan kokoleaban bae, semu anu arek titeuleum.
Sakabehna sakur anu araya di sisi talaga arolohok bae, teu nyanteneun bakal kitu kajadianana; taya hiji Opsir anu enggal nulungan, tina henteu aya anu iasaeun ngojay.
Gancang Raden Ustama cucul, gebrus tuturubun kana talaga, kebat ngojay ngabujeng ka Opsir anu rek titeuleum teya. Teu lila anjeunna geus nepi, kerewek Opsir teh ditewak sarta tuluy disangkeh bari ngojay lalaunan Ka sisi.
Sajeroning Raden Ustama nulungan eta Opsir, jalma-jalma di sisi talaga taya hiji anu ngomong, estu jempe pisan, tayohna bae mangpaurkeun.
Barang geus nepi ka sisi, Raden Ustama jeung Opsir teh, diharanjatkeun ku sarerea.
Eta Opsir walikatna geuneuk getih-wuwungan sarta jiih, tayohna bae ngedengan daun pulus malela, kawantu didinya enggonna. Geus kitu prak pada ngagotong ka pasanggrahan Puncak, tuluy dimumule dihade-hade.
Isukna deui wanci subuh, Kangjeng Dalem jengkar ti eta pasanggrahan, ngabujeng ka Bogor. Didinya anjeunna kulem sababaraha peuting lilana, sabab ngaraos teu damang; taksiran bae tina nitih kuda sakitu jauhna.