Barang geus ngaraos sehat, bral anjeunna jengkar deui, tapi ayeuna mah nitih kareta, teu cara tadi dina kuda. Pasosore kira wanci jam 7, anjeunna geus sumping ka Batawi sarta reujeung salametna.
Ari nganjrekna di Batawi teh di bumi Tuan David, di kampung Senen, sobat dalit anjeunna, sabab eta tuwan baheulana calik di Bandung meunang sababaraha tahun lilana, nguruskeun kopi kagungan nagara.
Barang geus dua peuting di Batawi, Kangjeng Dalem dumeuheus ka Kangjeng Tuan Besar Gupernur Jendral Janssens, meneran tanggal 1 bulan Agustus 1811.
Kacaritakeun mangsa harita di Batawi keur meujeuhna rame pisan sasadiaan, arek ngadegkeun pesta gede, nya eta arek mestakeun Raja Parasman, Napoloen Bonaparte tea, dina tanggal 15 Agustus 1811.
Saban poe Raden Ustama damelna di Batawi ngan muter-muter nagara bae. Satadina mah panyangka anjeunna, Bogor teh pangramena, tapi barang geus gok ningali Batawi mah, sejen deui pisan mamanahanana.
Basa anjeunna mimiti ngajajah palabuan, beak karep bae nya kageteunana ningali lautan sakitu legana, kawantu anjeunna kakara harita pisan ningali laut teh. Didinya anjeunna ningali ti kajauhan pirang-pirang kapal anu nuju balabuh. Anjeunna hoyongeun pisan ningalian rupana eta kapal ti kadeukeutan, ti luarna jeung ti jerona; maksudna keukeuh pisan, samemehna mulih deui ka Bandung, arek merlukeun heula ningalian eta kapal, supaya iasa nyarioskeunnana di mana geus sumping deui ka dayeuh Bandung.
Dina hiji poe pasosore, Raden Ustama angkat, arek ningalian anu araneh di kampung Pacinan. Lila-lila angkatna kalunta-lunta, jol deui sumping ka palabuan.
Didinya harita loba pisan parahu jeung sampan anu wara-wiri ka kapal-kapal atawa ti kapal.