Raden Ustama sumedot palayeun ka tengah, sabab harita aya kapal anu kakara pisan datang ti nagara Hongkong; emutanana tangtu dina kapal eta loba titinggalieun anu araneh. Tuluy anjeunna nyewa hiji parahu leutik kira asup 3 jalma, kebat diboseh ditujukeun ka kapal anu kakara datang tea.
Saliyanna parahu anu ditunggangan ku anjeunna, loba deuisejen parahu jeung sampan anu paboro-boro nyalampeurkeun ka eta kapal, seja mapagkeun jalma-jalma anu arek haranjat ka daratan.
Barang eta parahu jeung sampan-sampan geus narepi kana sisi kapal, sarta taraje kapal geus diturunkeun, ana leugeudeur teh anu tarurun pasesedek jeung pada baturna, sarieuneun henteu kabagean sampan atawa parahu; kabeh bangsa Cina, Jepang jeung Malayu, sorana geus Henteu puguh dengekeuneunana, ting caruwit, ting gorowok nyaralukan sampan atawa parahu; barang-barangna satengah dialung-alungkeun bae kana jero sampan, geus teu-tolih ka batur, asal sorangan bae meunang tempat.
Sanggeusna rada kurang anu tarurun, tuluy Raden Ustama seselendep, naek kana dek kapal, tuluy ider-ideran ningalian pakakas-pakakas. Tina sabab kakara, atuh kacida heraneunana ningali eta pakakas-pakakas teh, sakitu sarantosana. Eta kapal tihangna tilu; galede pisan, luhurna oge leuwih ti tangkal kalapa; jeung loba pisan palang-palang; upadi tambang, mani ranteng kawas ramat lancah bae. Dina eta palang-palang loba matros-matros anu ngentepkeun. gulungan layar, ting galulawing lir lancah eukeur nerapkeun ramat bae.
Barang Raden Ustama eukeur tonggoy barangtingali dina deukeut kamudi, aya hiji urang Malayu nanya ka anjeunna, kieu pokna : "Sobat, rupina sampean sanes urang Batawi, sareng nembe uninga kapal, buktina sampean telik pisan ningalian barang-barang jeung pakakas anu araya di dieu.”
Raden Ustama : ”Leres pisan sapanyanten anjeun teh, kaula sanes urang Batawi, tapi urang Bandung, ngahaja dongkap ka dieu, ku hayang terang di eusina kapal katut paparabotanana”.