Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Eta urang Malayu ngomong deui, pokna: "Upami sampean palay langkung terang di lebetna kapal, mangga urang angkat kana lebetna kapal, tempat jalma-jalma anu narumpang; di dinya roa pakakas rupi-rupi anu sampean tangtos tacan uninga."

 Eukeur mah ti tadina Raden Ustama hoyongeun pisan uninga di handapeun dek-kapal, kari-kari aya anu ngajak, atuh teu kira-kira bungaheunana, lir mobok manggih gorowong bae. Tidinya anjeunna jeung urang Malayu tea tuluy tarurun kana handapeun dek.

 Eta urang Malayu geus remen pisan lalayaranana, loba pisan kanyahona kana hal pakakas kapal; ku manehna ditataan ngaran hiji-hijina parabot, gawena jeung metakeunana, meh taya anu kalarung.

 Barang Raden Ustama lebet kana hiji tempat, anjeunna kageteun pisan, sabab didinya anjeunna ningali pirang-pirang jalma anu garering muriang panas, patulayah bari humarurung; sawareh aya oge anu gering utah -utahan, estu matak watir pisan.

 Sabot kitu torojol Tuan Kapten jeung Tuan Doktor kapal mariksa kaayaanana sakabeh anu garering, jeung dibarengan ku Doktor darat (dokter karantina). Sanggeus salse mariksa Tuan Kapten ngadawuhan ka sakabeh urang kapal jeung ka anu narumpang, henteu meunang aya anu hanjat ka darat, sabab timbangan Tuan Doktor karantina, eta kapal rupa-rupana mawa panyakit sasalad.

 Barang Raden Ustama ngadangu dawuhan Tuan Kapten kitu, tuluy anjeunna nerangkeun anjeun, yen anjeunna lain jalma anu numpang di eta kapal, sarta pamitan arek mulih ka darat, tapi henteu kawidian, sabab eta Tuan Kapten geus nampi parentah ti nagara, henteu meunang aya jalma ka luar ti eta kapal, sanajan lain anu matuh didinya oge; atuh Raden Ustama teh kapaksa ka- baud ka Pulo Unrus, baris diasupkeun ka rumahsakit, lilana 14 poe. Kaewedan Raden Ustama dina waktu eta geus teu kudu dicaritakeun deui, ras ka Kangjeng Dalem, geus tangtu ngajeng-ngajeng.

Carios Raden Ustama

17