Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Jaman harita di eta Pulo Unrus geus aya hiji rumah-sakit gede, paranti mulasara anu garering, bawa kapal-kapal ti sejen nagara.

 Dina tanggal 14 Agustus kakara anjeunna katut nu sejen-sejen kaidinan ka Batawi.

 Barang cat teh ngadampal deui daratan Batawi, anjeunna gura-giru mulih ka bumina Tuan David, panganjrekan Kangjeng Dalem tea. Sajeroning angkat teh manahna dug-deg pisan, sieun ku panyeuseul, reh entas lolos sakitu lilana.

 Ari sumping ka panganjrekan tea, anjeunna kageteun pisan, panakawan geus euweuh anu kasampak hiji-hiji acan.

 Waktu harita Tuan David keur linggih dina korsi di tepas payun. Barang ret ningali ka Raden Ustama, tuluy anjeunna ngagupayan, sarta miwarang calik di payuneunana, bari mariksa kieu: ”Timana maneh, Ustama, mana lila-lila teuing?”

 Pok Raden Ustama unjukan, ti awal nepi ka ahir, taya pisan anu dikilungan. Atuh Tuan David gumujeng nyalakatak, bari kiyeu saurna : ”Tuan Regent enggeus mulih ka Bandung, nepi ka ayeunna geus dalapan poe lilana. Ari anu matak anjeunna buru-buru mulih, didawuhan ku Kangjeng Tuan Besar, sabab aya beja terang pisan, yen ayeuna urang Inggris arek nempuh Pulo Jawa, malah ayeuna oge loba pisan bawahanana urang Parasman anu geus kajabel ku eta bangsa. Tuan Regent Bandung diparentah ngajaga-jaga di bawahanana, jeung cacawis bisi ti dieu ngiangkeun soldadu-soldadu ka lebah Bandung, supaya ulah nepi ka aya kakuranganana kitu-kieu.

 Welingan Tuan Regent ka kami, saheulaanan maneh kudu cicing bae di kami, engke anjeunna arek ngutusan mapagkeun maneh, di mana geus euweuh huru-hara”.

 Barang Raden Ustama ngadangu saurna Tuan David kitu, manahna melengek pisan, teu nginteneun sacongo rambut, yen Kangjeng Dalem geus mulih deui ka Bandung. Ku tina kituna anjeunna kapaksa kudu ngumbara di nagara Batawi, tacan tangtu sabaraha bulan deui lilana pimuliheun ka dayeuh Bandung.

18