Kacaritakeun poe isukna, meneran tanggal 15 Agustus 1811 isuk-isuk, di nagara Batawi ngamimitian raramean gede, mestakeun Napoleon Bonaparte tea.
Di alun-alun Gambir geus disadiakeun tongtonan jeung rupa-rupa tatabeuhan anu araneh; unggal gedong masang bandera Parasman; jalan-jalan dibebetek jeung make damar ombak-banyu; gedong Tuan Besar dipapaesan, agreng pisan.
Jalma-jalma awewe-lalaki, kolot-budak, ti suklakna ti siklukna pada daratang arek nongton ka nagara, rehna harita arek aya raramean anu sakitu gedena.
Dumadak barang ger pisan raramean, bet jol bae aya beja matak reuwas pisan ka sakabeh jalma, nya eta ngabejaan, yen di sisi basisir katangen sababaraha kapal perang urang Inggris, arek ngahanjat-hanjatkeun pirang-pirang soldaduna ka daratan, sejana merangan urang Parasman.
Atuh jalma-jalma teh sanagara Batawi mani ubyag lain dikieuna, lalumpatan ngaler-ngidul arek marubus, sieuneun ku musuh.
Ku tina kaberedeg, taya beja ti tadina, Pamarentah di Batawi meh henteu puguh cagap; gancang ngumpulkéun soldadu saaya-aya, baris mapag musuh.
Henteu lila jol deui aya beja, yen urang Inggris geus haranjat ka darat di palebah Tanjung Ancol.
Balad Parasman gancang muru kadinya, tapi musuh teh geus ka tengah manten, tuluy dipapay urutna leumpang, kasusul lebah Meester Cornelis, ger perang didinya rame pisan.
Henteu kacaturkeun sabaraha poe lilana perang, kakocapkeun urang Parasman kadesek perangna, sarta Kangjeng Tuan Janssens katut balad-baladna kapaksa mundur, nyingkah ka Bogor, ti Bogor ka Cirebon, ti Cirebon ka Samarang, bari hantem bae dibeberik ku musuh.
Di pagunungan deukeut nagara Samarang anjeunna malikan deui ngalawan urang Inggris sateka-teka, supaya ulah terus