ngetan, tapi dasar keur sial, nya teu kuat ngalawanna teh, sarta kapaksa dina tanggal 18 September 1811 anjeunna, di Salatiga, masrahkeun Pulo Jawa katut sejen-sejen pulo bawahanana ka urang Inggris.
Jadi ti waktu harita Pulo Jawa katut sejen-sejen pulo di India Wetan kabawah ku urang Inggris.
Tidinya Pamarentah nagara Inggris tuluy ngajenengkeun Luitenant Gupernur Jendral, hiji tuan bangsa Inggris anu kamashur pinter, tur anom keneh, jenenganana Tuan T.S. Raffles, nya eta anu baris marentah kapuloan India-Wetan tea.
II.
Saeureunna perang di Meester Cornelis, loba tuan-tuan ngahaja arangkat, tunggang kareta atawa kahar ka Meester Cornelis, deuk naringali urut-urutna, malah Tuan David oge jeung Raden Ustama harita arangkat.
Sasumpingna kana eta urut perang, Raden Ustama kageteun pisan, ningali pirang-pirang soldadu Inggris jeung Parasman wara-wiri, awakna bobolokot ku getih, estu matak gila pisan. Dina taneuh patulayah soldadu- soldadu anu geus maraot jeung anu keur sakarat atawa ngararasakeun kanyeri, rupa-rupa pisan, aya anu pegat beuheungna, rampal sukuna, remuk sirahna, pejet dadana, budal-badil eusi beuteungna, jeung jaba ti eta.Upama jalma kurang teteg hate mah, geus tangtu pisan nenjo anu kitu teh kapiuhen.
Saking dumadak kersana Anu Kawasa, barang Tuan David keur ngadeg di sisi jalan, ningalikeun soldadu-soldadu jeung gotongan mayit atawa anu tatu payah, anjeunna kasenggol ku hiji soldadu Inggris anu eukeur narik mariem. geblug geubis nangkuban, pananganana duanana, palebah siku, kagerel ku kikiping