Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

mariem nepi ka remuk pisan. Gancang ku Raden Ustama ditulungan, dipangku ka sisi jalan; tuluy Raden Ustama muru ka Tuan Doktor anu mangsa harita kabeneran teu jauh tidinya. Gancangna eta Tuan David ku Tuan Doktor dipariksa tuluy dicandak dina kareta ka rumah-sakit militer, di Batawi.

 Sarehna eta Tuan David henteu kagungan nyonya jeung henteu kagungan saderek, atuh harita Raden Ustama teh kapaksa kudu ngajaga di rumah-sakit, beurang-peuting ngagugulung anjeunna, nepi ka 4 bulan lilana.

 Salilana di rumah-sakit, Raden Ustama selang-selang ngarasanan anu teu damang, sok campur-gaul jeung soldadu-soldadu Inggris anu garering, diajar basa Inggris saeutik-eutikeun.

 Eta Tuan David teu damangna beuki lila beuki wales bae, tina tatuna pohara, jadi kalobaan teuing kaluar getih. Doktor-doktor geus sakedah-polah ngakalan supaya anjeunna geura damang, tapi taya tulungna; buktina dina hiji poe, pasosore, anjeunna pupus, ninggalkeun alam pana.

 Poe isukna deui, isuk-isuk, mayitna dikubur sakumaha biasa.

 Sakur anu maraos kana ieu buku tangtu ngamalum, sakumaha harita piewedeunana Raden Ustama, beuki nunggelis ayana di Batawi teh, taya sobat, taya kawawuhan, sumawonna mun kadang-warga; katurug-turug anjeunna teh lieuk euweuh ragap teu aya, ngan sakadar kagungan duwit f. 5, paparin Kangjeng Dalem, pikeun ngajajah nagara Batawi. Untung bae salilana aya di rumah-sakit mah, anjeunna teh henteu kudu kaluar ongkos, sabab barangtuangna dirangsom.

 Sajeroning ewed ngamanahan ka mana nya piloseun, anjeunna calik dina bangku di lawang rumah-sakit, bari nyarande kana tembokan, gigireunana aya hiji soldadu Inggris anu keur ngajaga. Anjeunna jeung eta soldadu teh paheneng-heneng bae, sabab anjeunna tacan pati iasaeun sasauran Inggris, komo soldadu tea mah henteu bisaeun basa Malayu sakecap-kecap acan, kawantu kakara 5 poe ayana di Pulo Jawa, sajolna pisan ti Bombay.

21