Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Kira-kira geus meunang sajam lilana Raden Ustama calik didinya, torojol Tuan Doktor rumah-sakit arek mariksa anu gering.

 Eta Tuan Doktor geus uningaeun ka Raden Ustama, da saban poe sok katingalieun aya di kamarna Tuan David. Anjeunna mariksa : ”Maneh teh jongos Tuan David, nya ? Kumaha ayeuna reh eta Tuan geus pupus? Naon maneh nya pikarepeun? Naha maneh geus meunang deui pagawean atawa tacan? Upama tacan mah, jeung upama maneh daek, leuwih hade digawe di dieu bae, sabab kami butuh, kakurangan jongos purah ngajaga anu garering. Maneh baris meunang balanja saban-saban bulan f 10, tapi lepas tangan. Kumaha maneh daek ?”

 Barang ngadangu saur Tuan Doktor kitu, Raden Ustama teh beak karep bungaheunana, keur mah henteu kagungan damel, ari pek bet ujug-ujug aya anu nawaran, tur buruhna sedeng, cukup kana tuang jeung nganggo. Anjeunna maos rebu-rebu nuhun ka Gusti Allah, buktina geus dipaparin jalan pangupa-jiwa, malah mandar iasa ipil-ipil nyimpen duit baris pibekeleun mulih ka Bandung.

 Gancangan anjeunna geus jadi tukang laden di rumah-sakit.

 Ari didamelna getol pisan. Naon bae parentahan Tuan Doktor, ku njeunna diestokeun pisan, sumawonna kana mulasara anu gering mah, ati-ati lain dikieuna, jeung iasa ngabeberah, malar ulah kalumaneun.

 Tuan Doktor kacida percanteneunana, nya kitu deui kabeh ponggawa rumah-sakit, sami asih ka anjeunna, tina anjeunna iasa ngalap hate batur, boh ku basa boh ku peta, jeung iasa cacarios anu araneh sarta matak pikaseurieun.

 Tadi di luhur geus dicaritakeun, yen Raden Ustama rajin kana diajar basa Inggris jeung nulisna; beuki lila beuki iasa sasauran panjang, ku tina campur unggal poe jeung soldadu anu garering, sumawonna seratanana mah beuki alus bae, malah sakapeung-kapeungeun sok rajeun maos buku Inggris anu aneh caritaanana, beunang nginjeum ti soldadu-soldadu anu garering tea.

22