Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Gajihna Raden Ustama, undak-undak, dina jero 2 tahun teh geus f 25, sabulanna, tur teu incah.

 Selang-selang tina padamelan di rumah-sakit, anjeunna ku Tuan Doktor teh dipiwarang nyerat di kantorna, sarta seratanana kamanah pisan, nepi ka lila ti lila mah, tuluy anjeunna diangkat jadi jurutulisna.

 Eta Tuan Doktor karesepna ngumpulkeun rupa-rupa buku; kantorna mani pinuh ku buku-buku basa: Inggris, Jerman, Belanda, Arab, Hindu, Jawa, Sunda, Madura, Malayu jeung jaba ti eta. Tina kituna nepi ka anjeunna ku sanagara Batawi pada nyebut ”Doktor buku”.

 Eta buku-buku lain ngan beunang ngagaleuhan di Batawi bae, tatapi loba oge nu beunang ngahaja pesen, mundut tulung ka para Resident sakuliah India-Wetan, supaya dipangilarikeun buku-buku urang pribumi baris galeuheun.

 Dina hiji waktu Raden Ustama keur pinuju nyerat karanganana Tuan Doktor, bab Elmu Anatomie, kira wanci jam 11 beurang jebul Kangjeng Tuan Luitenant Gupernur Raffles rawuh ka rumah-sakit, diiring ku pirang-pirang Opsir tarunggang kuda, perluna arek marios kaayaan eta rumah-sakit.

 Papariosna teh gemet pisan, meh sakabeh soldadu Inggris anu garering ku anjeunna dipariksa sarta diupahan ku saur manis, supaya ulah leutik hatena.

 Sanggeusna tutug papariksana, anjeunna angkat ka kantorna Tuan Doktor. Didinya anjeunna semu kageteun pisan, tina ningali buku sakitu lobana.

 Harita Raden Ustama ku anjeunna kasampak keur nyerat. Seratanana ku anjeunna dipuji, tina alus sarta terang.

 Mangkuk 15 poe Raden Ustama kenging parentah ti Tuan Doktor, supaya anjeunna dumeuheus ka Kangjeng Tuan Raffles, baris dipiwarang nyerat buku. Bral anjeunna dumeuheus, gancangna tuluy dipiwarang nyerat unggal-unggal. poe, nepi ka 2 bulan lilana. Tidinya anjeunna mulih deui ka rumah-sakit,

23