Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

didamel deui di kantorna Tuan Doktor, tapi ngan heuleut sabulan geus disaur deui ku Kangjeng Tuan Raffles, sarta lawas-lawas ditetepkeun ku Tuan Doktor, jadi juruseratna (ngiring Tuan Raffles).

 Hiji mangsa anjeunna dicandak ka Banten, di dinya anjeunna kenging cilaka gede pisan; kieu caritana :

 Jaman Kangjeng Tuan Besar Gupernur Jendral Daendels ngasta paparentahan di kapuloan India-Wetan, Kangjeng Sultan Banten geus dipocot tina kapangkatanana Sultan di Banten, sarta dibuang ka nagara Ambon. Ari tanah Banten harita jadi bawahan Kumpeni India-Wetan.

 Ari putrana Kangjeng Sultan, anu digadang-gadang ngagentos ramana, ku Kangjeng Tuan Besar Daendels dijenengkeun Sultan ngabawah sabagian tanah Banten, tapi kudu anut kana kersana Kumpeni, henteu kawidian marentah sakama-kama saperti ramana, kudu rerempagan heula jeung pamarentah nagara di Batawi.

 Ari nu matak Kangjeng Sultan Banten dibuang ka Ambon, kieu caritaanana :

 Anyaran pisan ngasta pangawasa di kapuloan India-Wetan, K.T.B. Daendels geus marentah nyieun jalan gede sapanjangna Pulo Jawa, nyieun benteng-benteng pikeun ngajaga musuh, jeung nyieun palabuan baris kapal-perang di basisir Banten.

 Geusan ngabukbak tatangkalan anu galede jeung nyaatan rawa-rawa di deukeut eta basisir, harita Kangjeng Tuan Daendels mundut tulung ka Kangjeng Sultan Banten, supaya nyayagikeun jalma anu baris digarawe, sapoena dimistikeun kudu aya 1000 jalma.

 Ku sabab didinya kurang hade hawana, loba pisan jalma anu katarajang gering terus maot; jadi eta pagawean teh kurang pisan majuna. Tatapi sanajan kitu oge, Kangjeng Tuan Daendels maksa bae ka Kangjeng Sultan supaya nuluykeun eta pagawean nepi ka anggeusna. Atuh Kangjeng Sultan teh kacida jengkeleunana, hawatireun ku abdi-abdi.

24