Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Waktu harita di Banten rusuh, loba urang pribumi anu ngalawan ka utusan ti Batawi, anu ngapalaan nyieun palabuan tea. Eta rusuh beuki gede, datang ka tungtungna mah kajadian aya gegeden anu ngapalaan nyieun eta palabuan tea, dipergasa ku somah anu digarawe, malah katut saponggawana kabeh taya anu dikarikeun. Tayohna bae eta anu nyarieun rusuh teh dipiwarang ku Sultanna, da buktina ku menak-menak Banten diarantep bae, sirikna teu dihucuhkeun.

 Barang ngadangu sakumaha anu geus kajadian di Banten kitu, Kangjeng Tuan Daendels kacida pisan benduna; gancang anjeunna jengkar ka Banten bari nyandak 1000 soldadu, ger Kangjeng Sultan teh diperangan. Ngan 3 poe lilana eta urang Banten teh geus kadeseh sarta Sultanana ku Kangjeng Tuan Daendels terus dibuang ka Pulo Ambon (dina tahun 1808).

 Waktu Kangjeng Tuan Raffles jumeneng Luitenant Gupernur di Batawi, eta Kangjeng Sultan Anom Banten, putrana Kangjeng Sultan anu dibuang tea, nunuhun ka Pamarentah Inggris, supaya Kasultanan Banten ngadeg deui saperti bareto, sabab anjeunna ngaraos Kangjeng Tuan Daendels kurang pisan adilna, geus ngajabel hak-hakna karajaan Banten.

 Tah eta sababna nu matak Kangjeng Tuan Raffles sok mindeng jengkar ka Banten teh, nguruskeun panuhunna Kangjeng Sultan Anom.

 Tatapi Pamarentah Inggris ngan api-api, semu anu rek nurutkeun kana eta panuhun, padahal nu saenyana mah eta perkara teh henteu dimanah enya-enya, da geus lain-lainna deui. Malah lila-lila mah eta Kangjeng Tuan Raffles hantem ngakal-ngakal, supaya eta Kangjeng Sultan Anom masrahkeun sakabeh pangawasana ka Pamarentah Inggris. Atuh ari tungtungna mah, kalah ku hantem diosol jeung disingsieunan, nya tuluy Sultan Anom teh, anu jenenganana Sultan Muhidin, dina tahun 1813, masrahkeun sakabeh pangawasana, Alaantjan ma duwit saban bulan 10000 ringgit.

 Tina kituna loba pisan wargi-wargi Kamala Sultan henteu raoseun manahna, tuluy ngadaramel rusuh, malah-malah aya anu

25