lolos ti nagara Banten, tuluy ngaraman kapikampungan, ngaruksak pirang-pirang desa, jalma-jalmana dikaraniaya, babandaanana dirampas, estu matak karunya pisan.
Mangsa aya eta rusuh, Kangjeng Tuan Raffles jengkar ka nagara Banten, diiring ku Raden Ustama, jeung nyandak sabatalion soldadu, baris nalukkeun karaman-karaman tea.
Geus lima peuting ayana di Banten, dina hiji sore wanci jam 7, Raden Ustama amengan muter-muter nagara, meneran caang bulan tanggal 14, bentang-bentang munggah baranang di langit, hawa tiis matak seger kana awak.
Sanggeus wareg muter-muterna di jero nagara, anjeunna tuluy angkat ngulon, turut-turut jalan gede, nepi kana hiji sasak walungan Banten. Didinya anjeunna ngarandeg, ningali ka tebeh kaler-kulon, ngajegir gunung Payung kawas yaksa, ari ret deui ka tebeh kaler, mayakpak lautan palabuan Banten.
Geus kitu anjeunna tungkul ningalikeun cai eta walungan, nu kasorotan ku bentang mangyuta-yuta, ting arenyay ting garurilap, estu matak waas pisan katingalna.
Wates satengah jam anjeunna aya didinya, bet ujug-ujug gapruk bae aya nu ngarontok ti pungkureunana. Pananganana dicekelan ku 2 jalma, pada ngagenjang, bahamna dibungkem, geus kitu sampeanana deui aya anu newak.
Atuh teu kira-kira kageteunana, sajongjongan mah henteu obah-obah. Geus kitu anjeunna adug-adugan jeung teterejelan sakuat-kuat, tapi weleh bae henteu iasaeun ucul tina leungeun eta jalma-jalma. Geus kitu gebut anjeunna dibeubeutkeun, pananganana tuluy dibanda, sampeanana diringkus, bahamna dicocokan ku lamak. Atuh anjeunna teh geus teu iasaeun usik-malik, ngajehjer bae dina luhureun sasak, sarta panganggona dirangsadan kabeh, ngan dikarikeun lancinganana jeung raksukan takwa. Sanggeusna kitu anjeunna pada ngagotong ka sisi walungan, pangintenna nya harita bakal pupus teh, sabab meureun bakal dipeuncit atawa dilelepkeun dina eta walungan. Tina kituna anjeunna tuluy masrahkeun jiwa-raga ka Gusti anu maha suci, muntang