Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nyuhunkeun tulung, supaya dijait tina eta bahaya anu sakitu gedena.

 Henteu lila torojol aya hiji parahu ti girang, diboseh ku dua jalma, nyampeurkeun ka jalma-jalma anu ngagarotong anjeunna tea.

 Anjeunna diasupkeun kanaeta parahu, tuluy dibawa milir ka palabuan.

 Watara lalampahan sajam, eta parahu datang kana sisi hiji kapal leutik; Raden Ustama dibawa ka dinya, dijolopongkeun dina dek. Kapalana eta kapal nanya ka anu marawa eta babandan, kieu pokna : ”Saha eta babandan teh ?”

 Jawab anu ditanya : ”Urang Batawi, badega Gupernur anu ngajabel kakawasaan Kangjeng Sultan tea. ”

 Kapala kapal : ”Wah, ayeuna urang tambah batur, boga purah mirun seuneu jeung ngasakan kahakanan; tatapi ku maraneh kudu dijaga, bisi minggat.”

 Kacaritakeun eta kapalana kapal teh, ngaranna Tubagus Kalil, turunan Sultan, geus rada laer, gawena geus lila pisan ngabajo dilaut, ngarampasan parahu-parahu atawa sampan-sampan anu ngarambah basisir tanah Banten, Batawi, Karawang jeung Lampung, malah sakapeung mah osok oge ngabajo di lautan-lautan anu jauh.

 Eta kapal bajo eusina aya 12 jalma, kabeh urang Banten, saregut jeung daredeg, pakulitanana hideung lentreng, buukna paranjang, kumisna ngajedig, matana beureum, saluar awakna pinuh ku tapak raheut, urut perang tandingan jeung anu dibarajo tea. Ari papakeanana ngan baju kurung lodro, calana pokek jeung totopong wulung bae.

 Pakarangna : tumbak, pedang, panah katut gondewana, bandring, sumpit jeung kepeng.

 Kacida pisan sasangklengna jeung daredeglerna, sanajan musuh leuwih loba ti batan manehanana oge dilawan bae.

 Sanggeus Sultan dilirenkeun tina pangkatna, eta Tubagus Kalil beuki dolog bae ngabajona di laut teh.

27