Dina jaman Kangjeng Tuan Besar Daendels, eta Tubagus Kalil diarakalan ku polisi supaya kacekel, tapi weleh bae henteu beunang, sabab kacida pelitna, bisa nyingkahan musuh anu kakuatanana leuwih tibatan manehna. Ari anu sakira beunang dilawan mah, nya ku manehna teh sok dilawan bae.
Kacaritakeun eta kapal bajo, sanggeusna nangkep Raden Ustama, tuluy layar ngaler, geus kitu ngulon, pek deui ngidul mapay-mapay basisir tanah Banten, sabeulah ti kulon, neangan bajoeun, nepi ka palebah nagara Caringin.
Didinya manehna ti kajauhan nenjo hiji sampan lapat-lapat ngadeukeutan ka darat; tuluy disampeurkeun, ari beh eusina matros tujuhan, kabeh semu-semu anu kasalangsara, katara tina ulatna; tayohna bae kapalna kalebuh.
Gancang eta sampan ku Tubagus Kalil ditarajang, arek diarah barang-barangna. Eta matros-matros parepeta, mere isarah, — tayohna bae nerangkeun, yen maranehna jelema kasangsara — tapi Tubagus Kalil teh henteu maduli, tuluy bae narajangna, sampanna diarunggahan ku bajo-bajo, ger perang campuh rame pisan; teu lila eta matros-matros areleh, taya anu dikarikeun, kabeh dikunclungkeun ka laut; barang-barangna anu aya dina jero sampan, rupa peti aya lima dieusi papakean jeung duit, ku eta bajo diarakutan ka kapalna; ari geus kitu sampanna tuluy dikaremkeun.
Harita Raden Ustama aya di dek, ngadeg nyarande kana tihang layar; manahna ngahelas pisan, karunya ningali eta matros-matros ngaralawanna teh estu paeh-paeh hirup-hirup, cacakan sakitu nya lalesoeunana mah. Coba upama jaragjag waringkas keneh, kawas pitatanggeleun kana eleh teh ku eta bajo-bajo.
Tina ngahelasna manah, Raden Ustama bijilan cisoca, hoyongeun nulungan, tapi orokaya, da samemehna eta bajo-bajo na rajang ka matros-matros teh, anjeunna dibanda heula, jeung dicangcangkeun kana tihang layar. Tayohna bae eta bajo-bajo barogaeun timburu, bisi Raden Ustama nulungan ka matros-matros tea.
Barang maranehna geus aya deui di kapalna, Raden Ustama