Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dikencarkeun deui, sina ka dapur; maranehna mah ger sarukan-sukan, boga rasa ieu aing unggul perang.

Antara eta bajo-bajo aya tiluan anu raraheut payah, kasambut waktu perang tandingan tea, sorena tuluy paraeh. Ari barang-barang jeung duit anu beunang ngarampas tea, sawareh ku maranehna diteundeun di jero kapal, sawareh deui dibagi-bagi walatra sabatur-baturna.

Kacaritakeun Raden Ustama saban-saban poe padamelanana taya deui ngan olah-olah baris tedana eusi kapal, direncangan ku dua bajo bari ngajaga ka anjeunna, bisi aya akalna anu matak nyilakakeun ka maranehna.

Geura ku sadaya anu maraos ieu buku manahan, pisakumahaeun nalangsaeunana Raden Ustama campur-gaul jeung eta bajo-bajo, anu sakitu kalasarna, tur padamelanana sapopoengan ngadedekul di hawu bae, meh taya tempo keur ngareureuhkeun palay, iwal ti peuting ti wanci jam 9 nepi ka pukul 5 isuk-isuk. Eta kitu bae petana salilana anjeunna aya di eta kapal-bajo.

Bray beurang reup peuting anjeunna henteu petot-petot mumuji ka Gusti-Allah, nyuhunkeun geura dijait tina eta balai.

Sok rajeun oge eta kapal diudag ku kapal-kapal politie, anjeunna tambah cengeng mumujina ka Gusti anu maha suci, nuhunkeun supaya eta kapal bajo katangkep, sabab emutanana mun katangkep teh, tangtu anjeunna lesot tina eta sangsara, bakal campur deui jeung jalma-jalma anu lumbrah kalakuanana, henteu cara kalakuan eta bajo-bajo, da bajo mah sasat bangsa sato galak bae, lalampahanana beak nya nista.

Kacaritakeun dina hiji mangsa, eta kapal-bajo lalayaran turut-turut basisir tanah Karawang, beh nenjo hiji sampan gede keur dibeberik ku kapal-bajo urang Karawang, anu biasa sok megat bajoeun di eta tempat. Eta sampan geus meh-mehan kasusul ku eta kapal.

Tubagus Kalil gancang ngomong ka batur-baturna : "Euy! geura itu tarenjo, aya sampan keur diudag-udag ku kapal! hayu urang milu ngudag, susuganan bae eta sampan teh loba barangna

29