barangna,"
Harita keneh kapal Tubagus Kalil ditujukeun kana eta sampan, sarta dina watara dua jam geus nepi ka dinya, bareng pisan nyusulna jeung kapal bajo urang Karawang tea.
Kapala bajo Karawang gasik nitah ngakutan kabeh barang-barang ka batur-baturna, sakur anu aya di jero sampan. Kitu deui Tubagus Kalil gancang nitah ka batur-baturna, supaya miheulaan ngunjalan eta barang-barang kana kapalna. Ari buktina eusi eta sampan teh, nya eta beas sababaraha karung, asal ti Indramayu, arek dibawa ka Batawi.
Kapala bajo Karawang ngageunggeureuhkeun kana karep Tubagus Kalil kitu, omongna: "Eh! euy! naha maneh bet wani-wani arek mibanda eta barang? eta sampan lain boyongan maneh, tapi boyongan kami!"
Tubagus Kalil: "Ih teu, da boyongan kami, sabab kami anu pangheulana nyusul; maneh mah bisa nyusul soteh, dumeh eta sampan majuna kahalang-halang ku kami; Upama henteu kitu mah, hamo maneh pibisaeun nyusul, da kapal maneh mah boyot."
Kapala bajo Karawang reup geuneuk ray piyas, ku bawaning ambek, matana mani bubuncelikan, leungeunna anu kenca nulak-cangkeng, anu katuhu muril-muril kumis, diselang ku ngulang-ngulang curuk bari ngomong bedas, kieu pokna: "Kapal aing boyot? Kapal aing boyot? Sia wawanianan ngangaranan kapal aing boyot. Ati-ati sia taur rasa, lamun sia kumawani ngomong deui kitu, tangtu kapal sia ku aing dikaremkeun kana dasar sagara. Geuwat sia ayeuna geura nyingkah! ulah ngahalang-halang kana karep aing! Upama aing henteu bisa ngalelepkeun kapal sia, aing montong dingaranan bapa Jagur, kekentong Karawang!"
Tubagus Kalil nembal bari ngera-ngera, pokna: "Bapa Jagur boyot! Guryot! Guryot! pangboyotna urang Karawang!"
Atuh Bapa Jagur teh ambekna geus henteu beunang diampeuh deui, gancang marentah ka batur-baturna narajang ka kapal urang Banten, ger perang campuh, rame pisan. Lawan jeung musuh sarua wanina, sarua bedasna, sarua lobana, jadi perangna teh