Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

lila-lila mah pada boga lawan sorangan, ijen, awakna pada bobo-lokot ku getih, wani geus henteu puguh rupana, kabeh pada tatu; tatapi ku sabab maranehna amarahna banget, raheutna teh henteu dirasa, hantem bae silih kadek silih teunggeul.

Dina barang der perang rame, Raden Ustama aya di dapur keur jongjon midamel padamelanana anu baku. Anjeunna ngelol tina dek ningalikeun anu keur perang campuh, tapi henteu mirosea, tina ngemutkeun taya kaperluanana, batan campur mah, anjeunna anggur meundeutan panto, tuluy deui jongjon didamel.

Lila-lila ku anjeunna kadangu anu garelut teh enggeus henteu pating galebrug; ana dilongok kana dek bet matak kaget pisan, anu perang tanding teh kabeh geus patulayah ting haregung ting salegor kawas munding dipeuncit bae, sabab kabeh pada bocok.

Gancang Raden Ustama dangdan, arek minggat milu jeung jalma anu tarumpak sampan tea, tapi teu hasil, sabab eta sampan teh geus euweuh, tayohna bae keur waktu eta bajo-bajo perang rame, gancang eta sampan nyingkah jauh.

Tidinya anjeunna ngajanteng ngamanah-manah pilampaheun. Geus kitu beh mendak akal kieu : Eta bajo (lawan jeung musuh) anu raraheut payah, ku anjeunna digusuran diarasup-asupkeun kana hiji kamar, kabehna aya 10 jalma; panto eta kamar tuluy dikunci pageuh pisan ditulakan make pirang-pirang papan, supaya tambah weweg.

Ari bangke-bangke anu patulayah di dek, ku anjeunna dikunclung-kunclungkeun ka laut. Geus kitu anjeunna meberkeun layar, kabeneran hade anginna; eta kapal kebat layar nuju ngulon, sakaparan-paran bae, nurutkeun lajuna angin.

Sajeroning eta kapal nyedot katebak angin, Raden Ustama calik dina deukeut kamudi bari lalamunan kieu : ”Eh, ieu aing ayeuna bet jadi nangkoda, jadi istriman, jadi matros jeung jadi cipier deui; nya aneh pisan kersana Anu Kawasa, kamari kitu, ayeuna mah kieu.”

Geus kitu anjeunna ngadua, muji ka Gusti Allah jeung banget

31