nganuhunkeun kana pitulungna, ku tina anjeunna ngaraos baris pikaluareun tina baya, nya eta nangtukeun eta kapal laun-laun bakal kapanggih ku urang Inggris.
Sapoe jeput kapal Raden Ustama terus bae layar nuju ngulon, henteu paamprok jeung sejen kapal. Aya oge kapal anu papaliwat, tatapi jauh pisan antarana, taya petana pibisaeun paamprok, sanajan kamudina dibenerkeun kadinya oge. Kira wanci jam 6 sore Raden Ustama tuluy ka jero kapal, arek ningal anu raraheut tea, ditoong tina bilik papan. Eta anu raraheut ku anjeunna katingali masih keneh ngajalehjer, patumpang-tindih jeung pada baturna.
Barang kadua poena, anjeunna nuju aya dina dek, beh ku anjeunna katingali lapat-lapat aya layar, beuki lila beuki teges, banderana geus katembong ngerab, tetela yen kapal Inggris, sarta beuki deukeut ka kapal anjeunna.
Ti kajauhan keneh anjeunna ngebut-ngebut lawon bodas, digagangan ku hiji tumbak panjang, sangkan katenjo ku urang kapal, yen anjeunna keur nandangan sangsara.
Henteu lila eta kapal nurunkeun sampan ka laut, terus diboseh ditujukeun ka kapalna Raden Ustama.
Barang geus deukeut matros-matros anu tarumpak eta sampan karageteun, dumeh nenjo dina kapal Raden Ustama ngan aya jalma saurang bae, sarta dekna pinuh ku getih tuhur, kawas urut perang rame.
Aya hiji matros nanya ku basa Malayu ka Raden Ustama, kieu pokna: "Ieu teh kapal naon? jeung kumaha sababna anu matak eta dekna pinuh ku getih ?""
Raden Ustama: "Anu boga ieu kapal hiji bajo-laut urang Banten, ngarana Tubagus Kalil. Karek dua poe manehna entas perang jeung bajo urang Karawang, marebutkeun boyongan. Lawan jeung musuh sarua ripuhna, loba anu maraot jeung raheut payah. Eta anu raraheut ayeuna aya di jero kamar-kapal, ku kaula dikerem, kabehna aya 10 jalma."