Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Eta matros nanya: ”Ari maneh saha nya ngaran, jeung naha mana ngerem batur-batur maneh pribadi?”

Jawab Raden Ustama: ”Ngaran kaula Raden Ustama, jalma lara-balangsak, boyongan Tubagus Kalil. Kaula reureujeungan jeung manehna dina kapal, geus meh dua tahun lilana.”

Eta matros-matros, tuluy baradami arek ngaluarkeun bajo-bajo anu dikerem tea, tatapi ditolak ku Raden Ustama, sabab bisi moal pitahaneun, lantaran matros-matros teh ngan opatan, jeung henteu marawa pakarang sacukupna. Ku Raden Ustama eta matros-matros sina baralik heula bae ka kapalna, ngajakan batur-baturna, bisi eta bajo-bajo baraha, leuwih hade ati-ati.

Bral eta matros-matros teh baralik, sarta teu kungsi lila geus jol deui daratang, kabehna aya 15, jeung dikapalaan ku hiji Litnan.

Sanggeusna papariksa saperluna ka Raden Ustama hal kaayaan eta bajo-bajo, Tuan Litnan teh marentah ka matros-matros, supaya taraki-taki.

Barang bray eta panto kamar dibuka, ana burudul teh eta bajo-bajo, tujuhan narorojol ka luar, rupana matak gila pisan, awakna masih keneh bobolokot ku getih, raheutna nyarerengeh. Barina narorojol teh, ting garorowok, kieu pokna: ”Hayu urang paraeh ayeuna! urang paraeh ayeuna!”

Kabeh matros-matros tarangginas, kerewek eta bajo-bajo teh dicarekel, leungeunna dibaranda, sukuna diringkus; tatapi sanajan kitu oge maksa bae adug-adugan jeung teterejelan, bari henteu eureun gogorowokan, sorana matak gandeng pisan.

Tuan Letnan marentah supaya repeh, tapi henteu digugu. Atuh anjeunna keuheuleun, tuluy bae marentah supaya eta bajo-bajo teh sungutna dibarungkem. Geus kitu eta babandan kabeh dibawa ka kapal Inggris, baris dipasrahkeun ka Pangadilan di nagara Cirebon, sabab harita eta kapal Inggris teh pinuju layar ka palabuan Cirebon, mawa surat paparentahan ti Batawi.

Ari kapal bajo tea. ku Tuan Kapten kapal Inggris dipiwa-

Carios Raden Ustama
3
 


33