rang dianteurkeun ku 5 matros Inggris ka Batawi. Ari Raden Ustama kebat tunggang kapal Inggris ka Cirebon, baris jadi saksi perkara eta bajo-laut tea.
Mangsa harita Kangjeng Tuan Luitenant Gupernur Raffles nuju aya di Cirebon, keur nguruskeun rupa-rupa perkara anu penting jeung tilas Sultan Cirebon.
Kacaritakeun waktu tanah Cirebon aya keneh dina pangawasa Sultan didinya, eta tanah teh kacida pisan ruksakna, pirang-pirang desa anu katarajang paceklik, jeung pirang-pirang jalma anu diparaehan ku karaman-karaman jeung begal. Mangsa harita jalma jalma di Cirebon euweuh anu ngeunah cicing, poe ieu salamet, isukna mah boa kumaha? Ku tina kituna Pamarentah Inggris ewedeun pisan, mindeng marentah ka Kangjeng Sultan, supaya paparentahanana dikencengkeun, tapi rupa-rupana anjeunna geus henteu iasaeun deui ngadamel kereta dina sawewengkonna.
Ari antukna mah ku tina geus weleh akal, tuluy bae Kangjeng Sultan teh masrahkeun karajaanana ka Pamarentah Inggris, digantian ku duit minangka pansiun, sabulanna 8000 ringgit.
Barang Kangjeng Tuan Raffles ngadangu wartos, yen aya hiji kapal Inggris datang ti Batawi mawa surat-surat baris ka anjeunna, jeung di laut geus nangkep bajo, gancang anjeunna mundut katerangan ka Tuan Kapten.
Anjeunna kageteun pisan, barang ngadangu, yen eta anu ngerem bajo-bajo teh ngaranna Raden Ustama, sabab panggalihna, boa-boa eta Raden Ustama teh pangiringna anu leungit tea.
Gancang Raden Ustama disaur, sarta henteu kungsi lila geus jol payuneunana. Barang ret oge K.T. Raffles teh henteu panglingeun sarta tuluy bae ngalahir kieu : ”Bagea Ustama! naha maneh ngalalana teh bet lawas teuing? coba maneh geura cacarita hal lalampahan kumaha ti barang pisah ti dewek teh?”
Gorolang Raden Ustama cacarios ti mimiti ditangkep ku bajo dina luhur sasak. tea, satingkah-polahna taya pisan anu kalarung. Sajeroning cacarios teh anjeunna cumalimba emut kana jaman kasangsaraan waktu campur jeung jalma-jalma anu sakitu ja-