rahatna jeung kalasarna tea. Nya kitu deui Kangjeng Tuan Raffles ngahelas ngadangu carios Raden Ustama kitu teh, tuluy nyaur kieu bari dumareuda : ”Bo nya matak karunya; estu aneh pisan eta lalampahan maneh teh. Kumaha maneh mun ayeuna milu deui jeung kami daek ?”
Raden Ustama : ”Sadaya-daya, kamanah keneh mah, abdi seja ngiring ka kerasa dampal dalem sapertos kapengker.”
Kangjeng Tuan Raffles lenggahna di nagara Cirebon meunang 3 minggu, geus kitu, mulih deui ka Batawi nitih kapal diiring ku Raden Ustama, sarta teu kungsi lila geus nepi kalawan salamet, teu aya sakara-kara ka Batawi.
Kacaritakeun eta Raden. Ustama ngiringan deui Kangjeng Tuan Raffles di Batawi ngan meunang bubulanan bae. Kieu caritana :
Dina hiji waktu urang Batawi meunang beja, yen harita di tanah Europa aya perang campuh di antara Napoleon Bonaparte jeung sejen-sejen Raja di tanah Europa.
Sejen bulan jol deui-aya beja, nyaritakeun eta Napoleon Bonaparte kawon perangna, malah geus dibuang ka pulo Elba.
Henteu kungsi lila ti waktu harita aya deui beja, matak kaget pisan. Kangjeng Tuan Raffles jeung sejen-sejen urang Inggris, mani ngagebeg kawas ngadangu gelap bae, ku aturan anyar anu ditetepkeun dina perjangjian gede di antara Pamarentah nagara Inggris jeung Walanda di bulan Agustus 1814, — nya eta Pamarentah nagara Inggris kamistian masrahkeun kapuloan India-Wetan ka Pamarentah nagara Walanda.
Ku sabab mangsa harita aya beja deui, yen Susuhunan Napoleon Bonaparte iasa lolos ti pulo Elba, rawuh deui ka nagara Parasman, eta papasrahan kapuloan India-Wetan ku urang Inggris di tarahan heula.
Barang eta Napoleon Bonaparte kawon deui perangna sarta dibuang kadua-kalina ka Pulo St. Helena, kakara urang Inggris teh masrahkeun kapuloan India-Wetan ka urang Walanda,