Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dina tanggal 19 Agustus 1816.

Kacaritakeun dina mimitina tahun eta, 1816, samemehna papasrahan tea, Kangjeng Tuan Raffles disaur ku Pamarentah nagara Inggris ka London. Anjeunna hanjakaleun pisan nilar Pulo Jawa, geus taya papadana bae; panggalihna nya eta tina sabab dina jero 5 tahun (1811 - 1816) anjeunna geus sakedah polah memeres kapuloan India-Wetan reujeung salametna, kari-kari beunangna ngaluas-luis teh kapaksa kudu dipasrahkeun deui ka urang Walanda.

Tina kituna anjeunna saakal-akal nahan kana eta aturan anyar, malar eta pulo-pulo tetep jadi bawahan urang Inggris. Barang geus weleheun ngakalan, kakara anjeunna sasayagian arek mulih ka nagara Inggris tea, sarta ngadawuhan ka Raden Ustama, supaya ngiring nepi ka Pulo Singapura, sabab aya keneh buku hancaeun Raden Ustama nu tacan anggeus diserat.

Kacaritakeun dina bulan Maart 1816, Kangjeng Tuan Raffles geus jung nilar tanah Pulo Jawa.

Di bom palabuan Batawi loba pisan jalma-jalma, menakkuring, jeung para gegeden bangsa Europa, anu ngajarajapkeun anjeunna. Eta kabeh ku anjeunna ditabean, tartib pisan. Sanggeusna kitu kakara anjeunna nitih sampan nu beunang mapaes agreng pisan, kebat ka kapal, sarta poe harita keneh eta kapal jait-jangkar beber-layar, tuluy nuju ka Singapura.

Henteu kacaturkeun di jalanna, kocapkeun eta kapal geus jol datang ka palabuan Singapura reujeung salametna.

+++++++++

III.

Di Singapura Kangjeng Tuan Raffles natamu di gedong Gupernur Inggris; ari Raden Ustama merenah di hiji kamar tukangeun eta gedong.

36