Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Barang geus dua poe heuleutna ti barang sumping ka Singapura, Raden Ustama amengan muter-muter nagara ningalian kaayaan didinya, diiring ku hiji jongos, kagungan Gupernur, anu mangsa harita pareng keur henteu kudu digawe.

 Mimitina anjeunna ubek-ubekan di tempat gedong-gedong bangsa Europa, tidinya tuluy angkat ka pacinan. Eta pacinan gede tur rame, ngungkulan ka pacinan Batawi. Toko-tokona mani pagegeye, di jalan-jalanna munggah heurin-usik ku jalma-jalma anu lalar-liwat, kareta, kahar, roda, beca pating suliwer; sora jalma jeung pecut mani geus henteu puguh dengekueneunana.

 Lila-lila jol anjeunna sumping kana hiji jalan-parapatan di kampung Cina keneh. Didinya anjeunna ningali hiji gedong Cina gede tur luhur, umpakna oge mani tilu susun, jeung pinuh ku bangsa Cina jeung sejen-sejen deui jaba eta, pasesedek nu ka luar nu ka jero.

 Raden Ustama mariksa ka rencangna: "Eta teh gedong naon, bet loba pisan jalma ka luar-asup, kawas aya anu perlu pisan?"

 Walon anu dipariksa : "Tempat capjikih, permaenan Cina anu dipikaresep pisan ku urang Singapura, sumawonten ku bangsa Cina mah, tangtos di Batawi oge aya eta permaenan. Kapengker kuring sok sering oge ngaben, namung ayeuna parantos kapok, reh saban-saban ngaben sok sering kawonna tibatan kengingna; lami-lami nyosok jero, dongkap ka sagala seep dipake ngaben, Ti harita kuring sumpah, cadu tujuh paturunan kana daek-daek deui ngaben, da parantos karaos mamalana: artos seep, badan ruksak, panon hurapok."

 Raden Ustama: "Tetela pisan, nya kitu; di mana teuing aya jalma bis beunghar ku lantaran ngadu, kalobaanana mah nya jadi kokoro."

 Barang Raden Ustama keur sasauran kitu, ger di jero gedong tempat maen capjikih teh aya rusuh, jalma-jalma ting jarerit, sarta paburu-buru ka luar kawas sireum tina liangna bae. Bejana mah nu matak aya rusuh teh, sabab aya Cina maenna eleh, parearea omong jeung bandarna, ger gelut papuket; sobat-sobat bandar

37