jeung sobat-sobat anu eleh tea maruru, antukna jadi gelut campuh, silih tubles silih tewek, nepi ka aya 5 Cina anu maraot wungkul, jeung pirang-pirang anu raheut payah.
Ari eta Cina anu mimiti nyieun rusuh, harita digotong ka luar dibawa ka rumah-sakit; awakna ruksak bobolokot ku getih, eusibeuteungna budal-badil, estu matak gila pisan katenjona; tayohna bae teu kungsi lila deui oge tuluy maot, nenjo waruga nepi ka sakitu nya ruksakna mah.
Heuleut tilu poe ti entas kajadian aya rusuh di pacinan, Raden Ustama ku Kangjeng Tuan Raffles dicandak ka hiji tempat, nu jauhna ti nagara kira lalampahan satengah jam; kersana Kangjeng Tuan Raffles seja amengan bae.
Anu sasarengan jeung anjeunna loba deui para gegeden Inggris, katut nyonya-nyonyana, malah Tuan Gupernur Singapura oge harita nyarengan; eta kabeh naritih kareta, matak resep pisan; kabehna kira aya 20 kareta katut pangiring-pangiringna anu marawa rupa-rupa katuangan jeung leueuteun anu raraos.
Demi tempat anu rek dijugjug teh pernahna dina luhur pasir, pinuh ku kakaian anu galede. Di ponclotna eta pasir aya palalangon negla, awas ka mana-mana.
Samemehna caralik dina jero palalangon, kabeh tuan-tuan jeung nyonya-nyonya teh aramengan heula, muter-muter pasir sahandapeun kakaian, sukan-sukan calacarios.
Ari Raden Ustama harita nyingkurkeun anjeun di nu simpe, calik dina handapeun tangkal kai anu ngarumpuyuk, anu dahan-dahanna meh antel kana taneuh; di handapna lenang, kawantu beunang ngahaja nyapuan.
Tina eta handapeun kai Raden Ustama awas ka nagara Singapura, katingali gedong-gedongna marakbak, jalan-jalan butbat anu ka mana nu ka mendi; di sisi-sisi jalan ngaberes tangkal kai iuh- iuh, pareng nuju eukeur karembangan, rupana bareureum; atuh katembongna ti kajauhan teh siga naker mangle, estu lucu pisan.
Palabuanana oge katingal, pinuh ku pirang-pirang sampan