Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

jeung parahu, anu maju anu cicing. Dina tihang-tihangna kabeh kapal-kapal ting kalelebet rupa-rupa bandera, ciri sanagara-sanagarana; estu matak kelar, sumawonna ari ningali ka tengah laut, mani ngabulungbung sigana jalan ka Batawi, Raden Ustama kagagas manahna.

 Anjeunna uleng pisan ningalina laut anu sakitu matak waasna, nepi ka les lali ka sakabeh anu aya di sakurilingeun anjeunna, geus teu emut kana naon-naon. Ari peta tea mah meujeuhna bae, da anjeunna kakara harita pisan ngaraos pajauh jeung Pulo Jawa.

 Dina eta palalangon sarukan-sukanna tuan-tuan jeung nyonya-nyonya teh, nepi ka jam 4 sore, hantem bae salasauran jeung garogonjakan, kawas taya naker kabosenna. Geus kitu aranjeunna kakara mulih ka nagara. Ari Raden Ustama harita ngantosan heula kareta, sabab tacan datang anu mapagkeun ti nagara; jadi mulihna ti pandeuri.

 Tamba kesel ngantosan kareta, harita anjeunna luntang-lantung deui kana handapeun kai anu ngarunggunuk tea. Beh didinya anjeunna ningali surat kabar ngagoler salambar; ku anjeuna dicandak arek diaos; na ari beh teh dina sahandapeun eta surat kabar, bet aya hiji geulang emas alus kacida, ditaretes ku inten anu galede, cahyana munggah mubyar. Eta geulang ku anjeunna dicandak sarta bari ditingalian, geus kitu diasupkeun kana jero saku, tuluy anjeunna angkat deui ka palalangon. Di dinya anjeunna ngalalangeu ngamanahan eta geulang, kieu dina manahna : “Upama eta geulang dijual, tangtu kami jadi beunghar ngadak-ngadak, boga imah gede, pakarangan lega, rendang ingon-ingon, dihormat ku sasama manusa; tatapi geus tangtu kami hamo senang pikir, da eta kabeungharan teh sasat beunang maling, bandana anu lian, meureun salilana rasa ati teh rumenjag sumeblak bae, da sieun katungtik rasiah. . . . . . . . . .Ah! ana kitu mah nya mending hirup malarat bae, tinimbang beunghar reujeung ngandung ati risi.”

 Sanggeusna kitu anjeunna mudun tina luhur pasir, ngabujeng kana kareta, anu harita ku anjeunna katingali datangna, reg eureun sisi jalan dina suku eta pasir clak ku anjeunna dititihan, belenyeng ka nagara.

39