Lompat ke isi

Kaca:Carios Raden Ustama - R. Ardiwinata.djvu/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Kabeneran peutingna Kangjeng Tuan Raffles henteu jengkar ka mana-mana. Raden Ustama dumeuheus, ngunjukkeun geulang tea.

 Kangjeng Tuan Raffles kageteun pisan ningali geulang sakitu alusna. Barang eta geulang keur ditangtang-tengteng torojol Tuan Gupernur rawuh ka kamarna, bari kieu saurna: “Kuring cikeneh nampi serat ti Tuan Rougon, nyonyana kaicalan pinggel emas ditaretes inten, ageng pisan, panginten bae icalna tadi di pasir palalangon atanapi ragrag di jalan keur waktos mulih. Bieu kuring parantos mioskeun sababaraha politie ngabantun pirang-pirang obor, sina ngilari eta pinggel di pasir palalangon.”

 Sanggeusna ngandika kitu, anjeunna ret ningali kana meja panyeratan, bet aya anu moncorong; anjeunna kageteun pisan, tuluy sasauran deui: “Aeh! Aeh geuning eta pinggel anu diilari teh, bet parantos aya di payuneun anjeun; ti mana kapendakna?”

 Saur Tuan Raffles: “Sanes ku kuring kapendakna, ku batur kuring, ngaran Ustama.”

 Tuan Gupernur ngandika deui: “Weu, hanjakal teu ti tadi ka dieu meureun moal kantos paparentah deui. Hawatos temen ayeuna ku abdi-abdi anu eukeur milari. Tuan Rougon sanggemna bade maparin buruh ƒ.500, ka saha-saha anu mendakkeun eta pinggel.”

 Kacaritakeun isukna Tuan Raugon jeung nyonyana sarumping ka gedongna Tuan Gupernur baris nampi eta pinggel jeung maparinkeun duit ganjaran F. 500, ka Raden Ustama. Atuh Raden Ustama teh henteu kira-kira bungaheunana nampi eta duit jeung kenging pujian, tambah tarima-kasih gede ti Tuan Rougon jeung nyonyana, kitu deui Kangjeng Tuan Raffles beuki tambah bae percanteunana, tina sakitu geus katingali tuhu estuna Raden Ustama.

 Dina hiji poe Raden Ustama amengan ka palabuhan, ningali kaayaan di dinya.

40