Di dinya anjeunna ningali hiji kapal anu kakara datang, make bandera Inggris, dipapag ku pirang-pirang sampan tambangan. Henteu lila eta sampan-sampan geus baralik deui ka sisi, pinuh ku muatan. Raden Ustama kageteun, reh eusi eta parahu-parahu teh jalma-jalma beulian. Wah! Estu matak hawatir pisan eta jalma-jalma teh; awakna karuru lir rorongkong bae, papakeanana henteu lumbrah, ngan make lamak sasoek, turub orat. Buukna diporocol semet taktakna, panonna jarero, pipina karemong, beuheungna celengang, beuteungna karentel, leungeunna jeung sukuna palacer. Eta jalma-jalma beulian kabeh dikantet-kantetkeun, kolot-budak, awewe-lalaki, geus henteu dipanta-panta, ditiir-beunteurkeun bae; keur kitu teh kacida pisan legeduna, tina salilana aya di kapal tara meunang mandi atawa beberesih; Tedana ngan saeutik, estu ngan tamba langlayeuseun bae.
Matakna watir teh lain ngan ku kituna bae, tapi ongkoh jeung sok disangsara ku anu ngajaraga. Upama aya kasalahanana teh, najan saeutik, tara euleum-euleum, jebrod bae dirangket, nepi ka peperengkelan; totobatan oge henteu diwaro.
Geura galih ku sakur anu maos ieu buku, sakumaha untungna urang dina jaman ayeuna, reh eta adat jual - beuli manusa, di urang geus dilarang ku nagara, mimiti ti tahun 1860. Ari di sejen tempat mah, saperti di Mekkah, masih keneh aya eta jual - beuli jalma teh, ngan geus henteu pati loba saperti jaman baheula.
Ku tina panteg hawatireunana ka eta jalma-jalma anu sakitu katalangsarana jeung sakitu lara masakatna, cisocana Raden Ustama geus henteu kaampeuh, nyurucud bae; teu lila anjeunna tuluy mulih ka panganjrekanana. Sapoe harita anjeunna eling bae ka eta jalma-jalma beulian teh, henteu beunang dipapalerkeun.
Dina hiji poe keur waktu Raden Ustama nyerat buku, Kangjeng Tuan Raffles, ngandika: “Ustama! lima poe deui kami arek indit ka nagara Kalkuta, naha maneh rek milu? Geura