di eta nagara loba pisan kaanehanana; sugan maneh hayang nyaho pamujaan urang Hindu. Enya di Pulo Jawa loba tea mah patilasan pamujaan jaman baheula, anu ayana di Gunung Dieng, Borobudur, Prambanan, Singasari jeung di sejen-sejen tempat anu laleutik, meh di sakuliahna Pulo Jawa, tatapi henteu ngungkulan kana kopoharaanana patilasan pamujaan di tanah Hindustan.”
Barang Raden Ustama ngadangu pangandika Kangjeng Tuan Raffles kitu, anjeunna palayeun pisan ningali eta patilasan-patilasan, tuluy ngawangsulan: “Ngiringan pisan, namung upami widi, abdi ngiring teh ulah teras ka nagara Inggris, semet Bombay bae.”
Gancangna carita Kangjeng Tuan Raffles jeung Raden Ustama geus jengkar ti Singapura, nitihan hiji kapal perang Inggris, arek ka Kalkuta tea
Lebah Selat Malaka, dina hiji peuting meneran keur poek bulan tur katambah-tambah ku poek halimun, eta kapal ngadupak hiji kapal leutik. Gancang kapal perang teh dieureunkeun sarta Tuan Kapten marentah ka matros-matrosna supaya narurunkeun sampan pikeun nulungan jalma-jalma eusi kapal anu kadupak tea, sabab eta kapal bejad sarta tuluy kalebuh. Pirang-pirang kasusahan anu ngagokan ka eta matros-matros, tapi teu burung hasil, maranehanana bisa nulungan 10 jalma bangsa Malayu, kabeh diarunggahkeun kana kapal perang sarta dimarumule hade-hade.
Isukna Raden Ustama ngadangu beja, yen eta kapal leutik anu kalebuh teh asalna ti tanah Aceh arek ka Singapura, mawa barang dagangan rupa kopi, pala, pedes jeung cengkeh. Katilu poena ti sabarang indit ti nagara, eta kapal katarajang angin ribut gede pisan; tihang-layarna runtuh, paparabotanana loba anu raruksak, jadi lajuna teh kendor kacida, da ngan masih make layar tulungan bae.
Kabeneran eta kapal perang harita geus rada deukeut ka hiji palabuan tanah Aceh; atuh tuluy bae eta urang Malayu teh kabeh dianteurkeun ka daratan, dipasrahkeun ka kapala nagara anu